Home
»
Posts filed under
Leuwiseeng

LEUWISEENG.COM - Ushollii
Abdi Sholat
Fardhosh shubhi
Kana fardu Shubuh
Rok’ataini
Dua roka’at
Mustaqbilal ka’bah
Bari madep ka ka’bah
Adaa-an
Dina waktosana
Ma’muuman
Bari ngama’mum
Lillahi ta’ala
Karana Allah Ta’ala
Alloohu akabar
Ari Allah eta anau maha Agung
Alloohu akabar
Ari Allah eta anau maha Agung
Kabiiron
Kalayan Agung saleresna
Walhamdu
Sareng ari sadaya puji
Lillahi
Eta tetep kagungan Allah
Katsiiron
Kalayan puji anu seueur
Wasubhaanallohi
Sareng Maha Suci Gusti Allah
Bukrotan
Enjing-enjing
Waasiilan
Sareng sonten
Innii
Sayaktosna abdi
Wajjahtu
Madepkeun abdi
Wajhiya
Kana badan abdi
Lilladzii
Kana Dzat Allah
Fatoro
Anu parantos ngadamel Allah
Assamaawaati
Kana pirang-pirang langit
Wal-ardho
Sareng bumi
Haniifan
Bari condong kana agama
Musliman
Kalayan pasrah
Wamaa anaa
Sareng sanes abdi
Minal Musyrikin
Ti rengrengan jalmi-jalmi musyrik
Inna sholaatii
Sayaktosna abdi sholat
Wanusukii
Sareng abdi ibadah
Wamahyaaya
Sareng abdi hirup
Wamamaatii
Sareng abdi maot
Lillaahi
Eta tetep kagungan Allah
Robbil-’aalamiina
Anu mangeranan sadaya alam
Laasyariika
Teu aya nu ngarencangan
Lahuu
Ka Dzat Allah
Wabizdaalika
Sareng kumargi kitu
Umirtu
Dipiwarang abdi
Wa-ana
Sareng ari abdi
Minal-muslimiina
Eta ti rengrengan jalmi-jalmi anu pasrah
A-’uudzu
Nyalindung abdi
Billahi
Ka Gusti Allah
Minasy syaithooni
Tina godaan syetan
Arrojiimi
Anu ditebihkeun tina Rahmat Allah
Bismillaahi
Kalayan nyebat jenengan Allah
Arrohmaani
Anu maparin ni’mat ageung di dunya sareng di akherat
Arrohiimi
Anu maparin ni’mat alit di akherat wungkul
Alhamdu
Ari sadaya puji anu opat
Lillahi
Eta tetep kagungan Allah
Robbil-’alamiina
Anu mangeranan sadaya alam
Arrohmaani
Anu maparin ni’mat ageung di dunya sareng di akherat
Arrohiimi
Anu maparin ni’mat alit di akherat wungkul
Maaliki yaumiddiini
Anu ngaratuan dina dinten wawales
Iyyaaka
Ka Gusti Wungkul
Na’-budu
Ibadah abdi sadaya
Wa-iyyaaka
Sareng ka Gusti wungkul
Nasta-’iinu
Nyuhunkeun pitulung abdi sadaya
Ihdinaa
Mugi nuduhkeun gusti ka abdi sadaya
Ash-shirootho
Kana jalan
Almustaqiima
Anu lempeng
Shiroothol-ladziina
Nyaeta jalana jalmi-jalmi
An-’amta
Anu patantos masihan ni’mat Gusti
‘Alaihim
Ka eta jalmi-jalmi
Ghoiril-Maghhduubi
Sanes jalana jalmi anu dibenduan
‘Alaihim
Ka eta jalmi-jalmi
Waladzh-dzholliina
Sanes jalana jalmi-jalmi anu salasar
Robbigfirlii
Mugi Gusti ngahapunten ka abdi
Aamiin
Mugi Gusti nga-ijabah do’a abdi sadaya
Bismillaahi
Kalayan nyebat jenengan Allah
Arrohmaani
Anu maparin ni’mat ageung di dunya sareng di akherat
Arrohiimi
Anu maparin ni’mat alit di akherat wungkul
Wal-’ashri
Demi waktos Ashar
Innal-insaana
Sayaktosna ari jalmi-jalmi
Lafii-khusrin
Eta yakin aya dina karugelan
Illallladziina-aamanuu
Kecuali jalmi-jalmi anu ariman
Wa’amilush-shoolihaati
Sareng anu maridamel amal sholeh
Watawaa-shoubil-haqqi
Sareng anu silih wasiatan dina leres
Watawaa-shoubish-shobri
Sareng anu silih wasiatan dina sabar
Alloohu-akabar
Ari Allah eta anau maha Agung
Subhaana robbiyal-’adhiimi
Maha suci Pangerang abdi anu maha Agung
Wabihamdihi
Sareng muji abdi ka Allah
Sami-’alloohu
Maha ngadangu Gusti Allah
Liman
Ka jalmi
Hamidahu
Anu muji jalmi ka Allah
Robbanaa
Duh pangeran abdi sadaya
Lakal-hamdu
Kagungan Gusti ari sadaya puji
Mil-ussamaawaati
Anu parantos minuhan langit tujuh
Wamil-ul-ardhi
Sareng anu parantos minuhan bumi tujuh
Wamil-umaa-syi’ta
Sareng anu parantos minuhan kana perkara anu ngersakeun Gusti
Min-syain ba’du
Tiana rupi-rupi perkara saba’da minuhan langit tujuh sareng bumi tujuh
Alloohu
Ari Allah
Akbaru
Eta anu maha Agung
Alloohummahdinaa
Ya Allah mugi Gusti nuduhkeun ka abdi sadaya
Fiiman
Sarta jalmi
Hadaita
Anu parantos nuduhkeun Gusti ka eta jalmi
Wa-’aafinaa
Sareng mugi Gusti ngadamangkeun ka abdi sadaya
Fiiman
Sarta jalmi
’Aafaita
Anu parantos ngadamangkeun Gusti ka eta jalmi
Watawallanaa
Sareng mugi Gusti nguruskeun ka abdi sadaya
Fiiman
Sarta jalmi
Tawallaita
Anu parantos nguruskeun Gusti ka eta jalmi
Wabaariklamaa
Sareng mugi Gusti ngaberkahan ka abdi sadaya
Fiimaa
Dina perkara
A’athoita
Anu parantos maparin Gusti kana eta perkara
Waqinaa
Sareng mugi Gusti ngariksa ka abdi sadaya
Birohmatika
Ku Rahmat Gusti
Syarromaa
Kana awona perkara
Qodhoita
Anu parantos mastikeun Gusti
Fa-innaka
Maka sayaktosna Gusti
Taqdhii
Eta anu mastikeun
Walaa-yuqdhoo
Sareng moal aya nu mastikeun
‘Alaika
Ka gusti
Wa-innahu
Sareng sayaktosna kalakuan sareng tingkah
Laa-yadzillu-man
Moal hina jalmi
Waalaita
Anu parantos nulungan Gusti ka eta jalmi
Walaa-ya-’izzu-man
Sareng moal mulya jalmi
‘Aadaita
Anu parantos ngamusuhan Gusti ka eta jami
Tabaarokta
Maha Suci / maha Barokah Gusti
Robbanaa
Duh pangeran abdi sadaya
Wata-’aalaita
Sareng maha luhur Gusti
Falaka
Maka eta tetep kagungan Gusti
Alhamdu
Ari sadaya puji anu opat
‘Alaa-maa
Netepan kana perkara
Qodhoita
Anu parantos mastikeun Gusti
Astaghfiruka
Neda panghapunten abdi ka Gusti
Wa-atuubu-ilaika
Sareng tobat abdi ka Gusti
Allohumma
Ya Allah
Sallimnaa
Mugi nyalametkeun ka abdi sadaya
Wal-muslimiina
Sareng ka jami-jalmi muslim
Wa-’aafinaa
Sareng musi Gusti nyehatkeun ka abdi sadaya
Wal-muslimiina
Sareng ka jalmi-jalmi muslim
Waqinaa
Sareng mugi Gusti ngariksa ka abdi sadaya
Wa-iyyaahum
Sareng ka jalmi-jalmi muslim
Syarro-mashoo-ibiddunyaa
Tina kaawonan musibah-musibah dunya
Walladziina
Sareng musibah agama
Washollalloohu
Sareng mugi maparin Rahmat Gusti Allah
‘Alaa-khoiri-kholqihi
Ka pangsae-saena makhluq Allah
Sayyidinaa
Kadunungan abdi sadaya
Muhammadin
Tegesna Kangjeng Nabi Muhammad SAW
Wa-’alaa-aalihi
Sareng ka kulawargina kangjeng Nabi
Wa-shohbihi
Sareng ka sahabatna Kangjeng Nabi
Wa-sallama
Sareng mugi Gusti maparin kasalametan
Alloohu-akbar
Ari Allah eta anu maha Agung
Subhaana
Maha Suci Allah
Robbiya
Pangeran abdi
Al-a’la’
Anu maha luhur
Wa-bihamdihi
Sareng muji abdi ka Allah
Alloohu-akbar
Ari Allah eta anu Maha Agung
Robbighfirlii
Mugi Gusti ngahapunten ka abdi
Warhamnii
Sareng mugi Gusti mikanya’ah ka abdi
Wazburnii
Sareng mugi Gusti nambalan kana kakirangan ibadah abdi
Warfa’nii
Sareng mugi Gusti ngaluhurkeun derajat abdi
Warzuqnii
Sareng mugi Gusti Nga-rizqi-an ka abdi
Wahdinii
Sareng mugi Gusti masihan Hidayah ka abdi
Wa-’aafinii
Sareng mugi Gusti masihan kasehatan ka abdi
Wa’-fu-’anniii
Sareng mugi Gusti ngahapunten kana kalepatan-kalepatan abdi
Attahiyyaatu
Ari sadaya kahormatan
Al-mubaarokaatu
Anu diberkahan
Ash-sholawaatu
Ari sadaya Rahmat
Ath-thoyyibaatu
Anu sarae
Lillaahi
Eta tetep kagungan Allah
Assalaamu
Ari kasalametan
‘Alaika
Eta mugi tetep ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW
Ayyuhannabiyyu
Hai anu janten Nabi
Warohmatulloohi
Sareng Rahmatna Gusti Allah
Wabarokaatuhu
Sareng kaberkahan Gusti Allah
Assalaamu
Ari kasalametan
‘Alainaa
Eta mugi tetep ka abdi sadaya
Wa-’alaa-’ibaadillaahi
Sareng ka hamba-hambana Allah
Ash-shoolihiina
Anu saroleh
Asyhadu
Ngayakinkeun abdi
An
Kana sayaktosna kalakuan sareng tingkah
Laa-ilaaha
Teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan
Illalloohu
Anging Gusti Allah
Wa-asyhadu
Sareng ngayakinkeun abdi
Anna-Muhammadan
Kana sayaktosna Kangjeng Nabi Muhammad SAW
Rosuululloohi
Eta utusan Alloh
Alloohumma
Ya Alloh
Sholli
Mugi nambihan Rahmat
‘Alaa-sayyidinaa
Ka dunungan abdi sadaya
Muhammadin
Tegesna kangjeng Nabi Muhammad SAW
Wa-’alaa-aali sayyidinaa
Sareng ka kulawargi dunungan abdi sadaya
Muhammadin
Tegesna ka kangjeng Nabi Muhammad SAW
Kamaa-shollaita
Sapertos anu parantos masihan Rahmat Gusti
‘Alaa sayyidinaa
Ka dunungan abdi sadaya
Ibroohiima
Tegesna kangjeng Nabi Ibrahim AS
Wa-’alaa aali sayyidinaa ibroohim
Sareng ka kulawagi kangjeng Nabi Ibrahim AS
Wabaarik
Sareng mugi ngaberkahan Gusti
‘Alaa sayyidinaa
Ka dunungan abdi sadaya
Muhammadin
Tegesna kangjeng Nabi Muhammad SAW
Wa’alaa aali sayyidinaa
Sareng ka kulawargi dunungan abdi sadaya
Muhammadin
Tegesna kangjeng Nabi Muhammad SAW
Kamaa-baarokta
Sapertos parantos ngaberkahan Gusti
‘Alaa sayyidinaa ibroohim
Tegesna kangjeng nabi Ibrahim AS
Wa’alaa aali sayyidinaa ibroohim
Sareng ka kulawagi kangjeng nabi Ibrahim AS
Fill-’aalamiina
Di ieu alam
Innaka
Sayaktosna Gusti
Hamiidun
Eta anu di puji
Majiidun
Tur anu maha Agung
Alloohuma
Ya Allah
Innii
Sayaktosna abdi
A’uudzu
Nyalindung abdi
Bika
Ka Gusti
Min-’adzaabilqobri
Tina siksa kubur
Wamin-’adzaabinnaari
Sareng tina siksa naraka
Wamin-fitnatil-mahyaa
Sareng tina fitnah kahirupan
Wal-mamaati
Sareng tina fitnah maot
Wamin-fitnatil-masiihiddajjaali
Sareng tina fitnah Dajjal anu teu ningali
Assalaamu
Ari kasalametan
‘Alaikum
Eta tetep pikeun aranjeun
Warohmatulloohi
Sareng rahmatna Gusti Allah. SALIRA GROUP Saturday, December 09, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Bacaan Sholat Lengkap (Basa Sunda) - Sumber MTs Leuwiseeng
Posted by SALIRA GROUP on Saturday, December 9, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Saturday, December 09, 2017

LEUWISEENG.COM - Kieu cara na téh:
1. Mésér Voucher WiFi na di Warkop Salira (di Picung).
Aya anu:
- 1 Jam = 1K
- 1 Dinten = 5K
- 1 mingon = 20K
- 1 sasih = 50K
2. Aktifkeun WiFi Warkop Salira
Pilih Jaringan WiFi mana anu pang saé na katangkep:
- WiFi Warkop Salira
- WiFi Warkop Salira Kuat
- WiFi Warkop Salira Picung
3. Buka Browser. ketik http://salira.warkop - kanggo muka Halaman Login WiFi Warkop Salira
4. Dina Halaman Login, lebetkeun data Username & Password, sesuai data anu katampi dina nalika mesér Voucher WiFi. Klik tombol "Login"
5. Upami sukses, ké otomatis di arahkeun ka halaman https://leuwiseeng.com/2017/10/05/sekarang-saatnya-sahabat-bisa-beli-kendaraan-buat-ke-surga-harga-murah/
6. Tutup Browser. Mangga wilujeng Internetan ngalangkungan Jaringan WiFi Warkop Salira. SALIRA GROUP Friday, November 10, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Cara Ngakses WiFi Warkop Salira
Posted by SALIRA GROUP on Friday, November 10, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Friday, November 10, 2017

LEUWISEENG.COM - Pi-eunteungeun lur tah, kanggo urang sadayana, yén bakal seu-seur gogoda na dina ngalakonan kahirupan rumah tangga, terutami dina taun-taun énggal, nyaéta di usia pernikahan 2 sasih dugi ka 2 tahun. Seu-seur pisan gogoda na tah dina dina taun-taun éta. Catet tah lur. Supados siap-siap.
Mangga, der... urang ngawih heula lur, ah...
Mega Hideung - Yayan Jatnika
Tuh itu Layung siga pundung
Ningal urang nu teu satujuan
Naha anjeun bisa robah anu geus pasini
Da bongan anjeun nu ménta
Kuring nganteur kahayang na
Anjeun hayang pepegatan
Tuh itu Méga ngahalangan
Langit anu rék ngagebray ca'ang
Naha ku teu sangka akhirna geuning beut kieu
Kacinta urang dua'an, aya nu ngahihileudan
Gogoda éta keur urang
Méga hideung, ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arék hujan datang
Naha naon anu rék ditéang
Kanya'ah kacinta keur urang
Meureun kuring henteu ngalayah ku harta
Ukur banda cinta, modal anu boga jang Salira
Teu ngarti na jero pikirna
Yén harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih nganyahokeun, dibutuhkeun cinta
Lain ukur harta
Anjeun béda pilihana, nu ditéang geuning harta..... SALIRA GROUP Friday, November 10, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
[caption id="attachment_154" align="alignnone" width="700"]
Ngasur-ngasur Seuneu, nuju Ngaliwet[/caption]
LEUWISEENG.COM - Upami ku urang di lenyepan, ternyata aktivitas Ngaronda téh tiasa janten obat stress anu ampuh.
Tah, bilih teu acan percanten mah, mangga wéh lakonan tilu aktivitas di handap ieu nalika ngaRonda. Nyaéta:
1. Ngaliwet di Sisi Pos Ronda
2. Ngariung Ngabako (ngobrol) naon waé di Pos Ronda bari Ngopi, komo anu di obrolkeun nana Piduiteun mah
3. Ngupingkeun Carita pangalaman kolot baheula (biasana anu ngadongéng nyaéta anggota Ronda anu atos rada aya umur-an
Tiap Jalmi bénten-bénten karesep na nalika ngaronda.
Mangga, bilih badé di tambihan, da mung tilu éta anu paling dipikaresep ku abi mah.
99% abi yakin pasti aya anu nyebut "Gapléééééhhh...." ceunah.
Sabagian Foto-foto Aktivitas nuju Ngaronda di Kampung Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat.
[caption id="attachment_155" align="alignnone" width="700"]
Aya nu nuju Gapléh, aya nu nonton TV, aya nu maén HP[/caption]
[caption id="attachment_156" align="alignnone" width="700"]
Nuang Sangu Liwet Berjamaah, lur[/caption]
[caption id="attachment_157" align="alignnone" width="700"]
Macem2 aktivitas nuju Nga-Ronda[/caption]
[caption id="attachment_158" align="alignnone" width="700"]
Pak Kuwu Desa Sukaherang, ngiringan Gapléh[/caption]
SALIRA GROUP
Tuesday, October 24, 2017
NJW Magz
Bandung Indonesia
Ngasur-ngasur Seuneu, nuju Ngaliwet[/caption]LEUWISEENG.COM - Upami ku urang di lenyepan, ternyata aktivitas Ngaronda téh tiasa janten obat stress anu ampuh.
Tah, bilih teu acan percanten mah, mangga wéh lakonan tilu aktivitas di handap ieu nalika ngaRonda. Nyaéta:
1. Ngaliwet di Sisi Pos Ronda
2. Ngariung Ngabako (ngobrol) naon waé di Pos Ronda bari Ngopi, komo anu di obrolkeun nana Piduiteun mah
3. Ngupingkeun Carita pangalaman kolot baheula (biasana anu ngadongéng nyaéta anggota Ronda anu atos rada aya umur-an
Tiap Jalmi bénten-bénten karesep na nalika ngaronda.
Mangga, bilih badé di tambihan, da mung tilu éta anu paling dipikaresep ku abi mah.
99% abi yakin pasti aya anu nyebut "Gapléééééhhh...." ceunah.
Sabagian Foto-foto Aktivitas nuju Ngaronda di Kampung Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat.
[caption id="attachment_155" align="alignnone" width="700"]
Aya nu nuju Gapléh, aya nu nonton TV, aya nu maén HP[/caption][caption id="attachment_156" align="alignnone" width="700"]
Nuang Sangu Liwet Berjamaah, lur[/caption][caption id="attachment_157" align="alignnone" width="700"]
Macem2 aktivitas nuju Nga-Ronda[/caption][caption id="attachment_158" align="alignnone" width="700"]
Pak Kuwu Desa Sukaherang, ngiringan Gapléh[/caption]
SALIRA GROUP
Tuesday, October 24, 2017
NJW Magz
Bandung Indonesia
Tilu aktivitas anu paling Resep dina nuju Ngaronda
Posted by SALIRA GROUP on Tuesday, October 24, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Tuesday, October 24, 2017
LEUWISEENG.COM - Ka sadayana pala wargi khususna para Mojang sareng Bujang anu aya di Kampung Leuwiseeng sareng Kampung Panyalahan, mangga di haturanan kanggo sumping ka Warkop Salira di palih Picung.Aya WiFi Super Cepat di Warkop Salira anu Insya Alloh tangtosna bakal Lancar Jaya kanggo di anggo Youtube-an sareng BBM-an tina Hape salira masing-masing.
Langsung sumping waé ka Warkop Salira, anu alamatna di palih Picung Leuwiseeng, caket Warung Ma Ade Picung. Nuhun. SALIRA GROUP Tuesday, October 03, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Anu hoyong WiFi-an paling Téréh, mangga di Warkop Salira Picung, waé
Posted by SALIRA GROUP on Tuesday, October 3, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Tuesday, October 03, 2017
LEUWISEENG.COM - Data ieu didamel ti kawit sasih Agustus tahun 2011 nyaéta ngawitan pupus na Aki Da'an dina kaping 03 Agustus 2011 (warga kampung Leuwiseeng). Data anu pang akhir na tiasa di tingali di palih handap postingan ieu. Kapatun na, mugia tetep konsisten nga data hal ieu.
Tujuan di damel na Catatan Warga anu tos Mulih ka Rohmatulloh di Leuwiseeng sareng Panyalahan nyaéta kanggo supados urang sadayana anu masih jumeneng di alam dunya ieu janten teras-terasan émut yén dina hiji waktos gé, urang gé sami pasti tilar dunya. Ti dinya, mudah-mudahan tiasa ngajantenkeun motivasi kanggo supados langkung giat ibadah kanggo pibekeleun hirup sa-atos pupus engké.
Kapayun na, nalika aya tambihan warga anu pupus di Leuwiseeng sareng Panyalahan, maka badé di tambihkeun dina postingan ini, sareng badé di damel postingan nu énggal oge anu khusus nga-béwarakeun anu pupus éta, sareng badé ngadamel link tautan tina postingan nu pupus éta kana postingan utama ieu, supados sadaya jalmi terangeun sadaya data anu atos ngantunkeun di kampung Leuwiseeng sareng Panyalahan.
Mangga, ieu rangkuman Data na:
1. Aki Da'an - 03 Agustus 2011 (Leuwiseeng)
2. Bpk. Umuh - 16 September 2011 (Panyalahan)
3. Ibu Ihoh - 23 September 2011 (Leuwiseeng)
4. Rifaz - 06 Oktober 2011 (Leuwiseeng)
5. Ibu Iyah - 15 Oktober 2011 (Leuwiseeng) - (Suami dari Alm. Bpk. Holil yang meninggal pada 22 Desember 2011 dibawah)
6. Bpk. Sum'an - 09 Desember 2011 (Leuwiseeng)
7. Bpk. Holil - 22 Desember 2011 (Leuwiseeng) - (Suami dari Almh. Ibu Iyah yang meninggal pada 15 Oktober 2011 diatas)
8. Feri Sandria - 27 Desember 2011 (Leuwiseeng) - (Putra Bpk. Zaenal)
9. Bpk. H. Zaenuddin - Kosdi - 04 Maret 2012 (Leuwiseeng)
10. Bpk. Sadli - 7 Maret 2012 (Leuwiseeng)
11. Bi Hawiyah - 22 Maret 2012 (Leuwiseeng)
12. Aki Uwen - 04 April 2012 (Leuwiseeng)
13. Bi Isah - 07 April 2012 (Leuwiseeng)
14. Bi I'ah - 13 April 2012 (Panyalahan)
15. Pak Mamat - 21 April 2012 (Panyalahan)
16. Pak Bohim - 19 Juni 2012 (Leuwiseeng - Picung)
17. Pak Utang - 17 Agustus 2012 (Panyalahan)
18. Kang Hilman (putranya Pak. Aj. Aan Farhan) - 03 Oktober 2012 (Panyalahan)
19. Pak Ro-up - 05 Oktober 2012 (Leuwiseeng)
20. Wa Koko - 03 Desember 2012 (Leuwiseeng)
21. Ceu Ane - ............... (Leuwiseeng)
22. Bu Jua (Ibunya Bu Jojoh) - ............... (Panyalahan)
23. Wa Jua (Ma Juarsih) - ............... (Panyalahan)
24. Mak Ini - 20 Maret 2013 (Panyalahan)
25. Mang Jaja (Bi Piah) - 21 Maret 2013 (Leuwiseeng)
26. Ma Uyu - 11, April, 2013 (Kp. Panyalahan)
27. Ne Omah (putri ma acih) - 08 Juni, 2013 (Kp. Leuwiseeng)
28. Mang Abu - 26 Agustus 2013 (Kp. Leuwiseeng)
29. Neli - *** - putri bu sulastri (Kp. Leuwiseeng)
30. Ibu Lina -(Putri Hj. Yayah) - 27 Januari 2014 (Kp. Leuwiseeng)
31. Pak Abdul Kohar - 13 Februari 2014 (Kp. Leuwiseeng)
32. Neng Sida (Putri Bpk. Dodo. M) - 03 Maret 2014 (Kp. Leuwiseeng)
33. Nur (Putri Bpk. Ade) - 27 Juni 2014 (Kp. Leuwiseeng)
34. Dewi (Putri Ibu Imas) - 14 Juli 2014 (Kp. Panyalahan)
35. Ibu Uken (Ukaini) - 4 September 2014 (Kp. Panyalahan)
36. Bpk. Solihin (suamina Bu Ijoh) - 7 September 2014 (Kp. Leuwiseeng)
37. Bpk. Uya - 11 September 2014 (Kp. Leuwiseeng)
38. Ibu. Omah (Istri Bpk. Idih) - 30 September 2014 (Kp. Panyalahan - Lokasi)
39. Ibu. Titin (Istri Bpk. Umar Alm.) - 21 Januari 2015 (Kp. Leuwiseeng)
40. Mang Tatang (Adiknya Mang Munu - Putra Bpk. Sum'an Alm.) - 11 Februari 2015 (Kp. Leuwiseeng)
41. Neng Adisti Azzahra (Putri Ibu Ade Tita - Putu Mang Lili) - 13 Februari 2015 (Kp. Panyalahan - Lokasi)
42. Bi Waki'ah (Ibu na Mang Nunu Ojek) - 25 Februari 2015 (Kp. Panyalahan)
44. Ma Apoh - 07 Mei 2015 (Kp. Leuwiseeng)
45. Pak Ucup (Bu Imas) - 15 Mei 2015 (Kp. Leuwiseeng)
46. Pak Idi (Bu Itoh) - 12 Juni 2015 (Kp. Leuwiseeng)
47. Bu Atminah (Istrina Bpk. Sum'an Alm.) - 14 Agustus 2015 (Kp. Leuwiseeng)
48. Bpk. H. Syarif (suami na bu gayah) - 08 Oktober 2015 (Kp. Panyalahan)
49. Bpk. Mumun (Bi Amah) - 06 Desember 2015 (Kp. Leuwiseeng)
50. Bpk. Herman (Suami na Ibu Isah) - 22 Februari 2016 (Kp. Panyalahan)
51. Bpk. K.H. Nandang Syarif Hidayat (suami na Ibu Hj. Ros) - 16 Maret 2016 tabuh 17.45 WIB (Kp. Leuwiseeng)
52. Bpk. H. Jamhari (suami na Ibu Hj. Uka) - 16 Maret 2016 tabuh 22.30 WIB (Kp. Leuwiseeng)
53. Bpk. Toha (Suami na Ibu Jua) - 05 April 2016 kinten-kinten tabuh 18.45 WIB (Kp. Leuwiseeng)
54. Ade Winda (Putri na Ceu Bibi - Lokasi) - 06 April 2016 kinten-kinten tabuh 10.00 WIB (Kp. Leuwiseeng)
55. Bpk. Aj. Aan Farham - 01 Mei 2016 (Kp. Panyalahan)
56. Jang Dafa - Putrana Pak Ahid - 10 Juni 2016 (Kp. Leuwiseeng)
57. Ceu Iyah (Istri na Alm. Mang Nasihin) - 24 Juni 2016 (Kp. Leuwiseeng)
58. Ma Ojoh - 12 Agustus 2016 (Kp. Leuwiseeng)
59. Aki Bahrum - 31 Agustus 2016 (Kp. Panyalahan).
60. Aki Unus - 04 Oktober 2016 (Kp. Leuwiseeng)
61. Jang Iwan (Putrana Mang Uya Alm.) - 10 Desember 2016 (Kp. Leuwiseeng Tonggoh)
62. Bi éha (Ibuna Kang Edi) - 19 Desember 2016 (Kp. Panyalahan)
63. Mang Sodik (Putrana Wa éna) - 21 Desember 2016 (Kp. Leuwiseeng)
64. Wa Liyoh (Ibuna Pak Abd. Wahid) - 5 Januari 2017 (Kp. Leuwiseeng)
65. Ma Iki (Ibuna Kang Zenal Anwar) - 11 Januari 2017 (Kp. Leuwiseeng)
66. Wa Sahnan (Rakana Pa Mumun) - 28 Januari 2017 (Kp. Panyalahan)
67. Kang Misbah - 17 Februari 2017 (Kp. Panyalahan)
68. Bi Mamah (Istri-na Mang Bakir) - 21 Februari 2017 (Kp. Leuwiseeng)
69. Ibu Mumu (Ibu na Ceu Ayen) - 09 Maret 2017 (Kp. Leuwiseeng)
70. Mang Idih (Bi Omah) - 15 Maret 2017 (Kp. Panyalahan - Lokasi)
71. Bi Cicah (Istrina Mang Olih) - 23 Mei 2017 (Kp. Leuwiseeng)
72. Mang Momon (Bi Nining) - 05 Juni 2017 (Kp. Leuwiseeng)
73. Aki Udin - 20 Juli 2017 (Kp. Leuwiseeng)
74. Hj. Mimi - 21 Juli 2017 (Kp. Leuwiseeng)
75. Pak Encur (Suami na Bu Dede) - 14 Desember 2017 (Kp. Leuwiseeng)
76. Wa Uu (Wa Unasih), Ibu na Pak Omo - 18 Januari 2018 (Kp. Leuwiseeng)
77. Ibu Arah (Istri na Bpk Lili) - 24 Januari 2018 (Kp. Leuwiseeng)
78. Ibu Uum (Raka na Pak Amang) - 27 Januari 2018 (Kp. Leuwiseeng)
79. Ibu Uju (Ibu na Bpk. Kurnen) - 05 Maret 2018 (Kp. Leuwiseeng)
Pang akhir na update, dina kaping: 05 Maret 2018
Mudah-mudahan sadaya amal ibadah nu parantos ngarantunkeun di luhur, di tampi ku Gusti Alloh SWT. Amin.
Bilih aya anu kalangkung / teu ka catat (kumargi abi teu salawasna aya di bumi leuwiseeng), mangga, informasikeun waé ka abi, ngalangkungan SMS/WA: 08-5353-99-4262.
Conto Format béwara dina Facebook:
~~~INFO~~~SALIRA GROUP Thursday, September 28, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Inna Lillahi wa inna ilaihi raji'un
Parantos mulih ka Rohmatulloh
.................. di Kp. ...........
Nembé kinten-kinten tabuh ........ WIK (ping ..............)
Mudah-mudahan diterima sadaya amal ibadahna. Amin.
Al-fatihah.
Catatan Muslimin Muslimah anu tos Mulih ka Rohmatulloh di Leuwiseengsareng Panyalahan
Posted by SALIRA GROUP on Thursday, September 28, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Thursday, September 28, 2017
LEUWISEENG.COM - Tempat ngobrol ngalér ngidul ieu ayana di wewengkon Picung, Leuwiseeng. Tepatna caket Warung Ma Ade (di palih Picung). Kanggo kondisi ayeuna mémang teu acan di saungan anu merenah, masih mangrupakeun babancik kénéh.Kanggo, supados betah anu nuju ngabako, nya atos aya disayogikeun Karpét anu ukuran nana pas pisan sareng lebar babancik. Kunaon nanggo karpét sagala? kumargi ari wengi mah mani tiris sareng ti-is pisan lantai keramik babancik na téh, matak teu genah cicing, tah ayeuna mah atos aya karpet, kantun ngamparkeun, sareng mekel bantal atanapi guguling gé mangga hég teuing. héhéhé...
Ka unikan nu sanésna di Warkop Salira nyaéta, tiasa mesen kopi plus aya WiFi gratis. Janten, kopi sagelas, dipasihan wifi gratis dua jam, pangaos na mirah pisan, mung tilu rébu rupiah, ka-étang mirah lah sakitu mah.
Reujeung deuih, WiFi di Warkop Salira téh ngagunakeun koneksi IndiHome, anu tangtosna tos pada ka uninga ku sadayana, kumaha téréh na internétan nganggo IndiHome mah.
Ka anu badé sareng anu hoyong Ngopi sareng WiFi-an Gratis salami dua jam nganggo IndiHome, mangga kantun sumping waé ka Warkop Salira di palih Picung, Leuwiseeng, caket Warung Ma Ade. Buka na unggal dinten ti kawit tabuh lima énjing-énjing dugi ka tabuh sapuluh wengi. SALIRA GROUP Friday, September 22, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Ngabako di Warkop Salira Picung
Posted by SALIRA GROUP on Friday, September 22, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Friday, September 22, 2017


