Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Carita ti Lapangan Gébu Singaparna Tasikmalaya - Mani Ramé da atuh nembéan aya nu kitu

Posted by SALIRA GROUP on Friday, September 8, 2017

Inbox SCTV - Lapangan Gebu Singaparna Tasikmalaya
Inbox SCTV - Lapangan Gebu Singaparna
Harita téh dinten Saptu, 19 Agustus 2017. Di Gébu kaleresan aya acara Karnaval Inbox SCTV. Nya atuh, Neng Salma Fauziah Rahmah gé kapincut hoyong ningali Inbox, cenah. Atuh ngéléhan manéh, angkat wéh sadayana sakulawargi ka Gébu nganggo Motor Babah (Honda Legenda 2) ti Leuwiseeng.

Teu kedah di carioskeun lah ari perjalanan di jalan na mah, da caket atuh, Leuwiseeng - Gébu mah, mung sa ukur tilu kilo meter-an lah, bari ngiceup 5000x gé nepi (saur paripaos na mah), éh, pas dugi ka lokasi lapang gébu, ka-agéhan mung sa lagu. Ari tos kitu téh cenah atosan, énjing aya deui. Aduh, mani colohok neng Salma. Atuh da pas kadinya téh sakitar tabuh satengah tilu, sigana aya bisikan ghoib ka penata acara, yén waktos Ashar sakedap deui, kirang pantes bebeledugan bari di payuneun aya anu adzan ashar awong-awongan. Kitu siga na mah, siga na éta oge.

Nya atuh uwih wéh pribados saparakanca (Istri sareng Salma & Khaira téh). Sa teu acan uwih, Neng Salma mah mésér heula Oléh-oléh nyaéta mésér malkis Roma Rasa Coklat, da kabita ku hadiah na, di pasihan balon tiup, héhéhé.. di bantrol 20 rébu pami teu lepat mah. ah dasar néng salma da atuh.

Dinten énjing na, angkat deui ka Gébu. Walah, mani seu-seur pisan nu hadir na, da atuh dinten libur. Parkir motor gé mani tebih ti gébu téh. Pokok na mah, da leumpang heula rada tebih, da tos teu lebet motor ka caket gébu na téh. Ah, tibatan pasedek-sedek dinu seu-seur jalmi, langsung wéh pribados mah nguliwed ka gigireun tukang Kupat Tahu. Mésér kupat tahu wéh didinya, da kaleresan teu acan Nyarap ti bumi téh, da Istri sareng salma sareng khaira, nyanak sangu, tos niat botram cenah. héhéh. Pas uwih, sindang heula mésér baso anu sa bungkus na Lima Rébuan ti Gili-galih anu icalan nana dina Roda di sabédéngeun Wisma Dewi, Pasar Singaparna, janten teu jajan baso di Gébu, da didinya cenah urang meuli ka langganan waé ka si emang.

Tah kitu lur, carita singketna. Punten teu di caritakeun aya saha waé artis anu hadir dina éta acara Inbox SCTB Gebu, da atuh abi mah niat na gé ngangon budak, janten teu konsen nga data penyanyi na, terserah saha waé nu nyanyi na, da teu pati merhatikeun, ngan neng Salma anu meneko mah mani bari molohok, ari bungah, komo pas ningali Kapal leutik Drone ngaliwat ka luhureun nana mah, héhéhé. Peun ah, hatur nuhun atos maos Leuwiseeng.com.

Di handap ieu foto-foto anu kaleresan berhasil di canak ku abi:
































» Thanks for reading: Carita ti Lapangan Gébu Singaparna Tasikmalaya - Mani Ramé da atuh nembéan aya nu kitu

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, September 08, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng