Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Ngabako di Warkop Salira Picung

Posted by SALIRA GROUP on Friday, September 22, 2017

Ngabako di Warkop Salira PicungLEUWISEENG.COM - Tempat ngobrol ngalér ngidul ieu ayana di wewengkon Picung, Leuwiseeng. Tepatna caket Warung Ma Ade (di palih Picung). Kanggo kondisi ayeuna mémang teu acan di saungan anu merenah, masih mangrupakeun babancik kénéh.

Kanggo, supados betah anu nuju ngabako, nya atos aya disayogikeun Karpét anu ukuran nana pas pisan sareng lebar babancik. Kunaon nanggo karpét sagala? kumargi ari wengi mah mani tiris sareng ti-is pisan lantai keramik babancik na téh, matak teu genah cicing, tah ayeuna mah atos aya karpet, kantun ngamparkeun, sareng mekel bantal atanapi guguling gé mangga hég teuing. héhéhé...

Ka unikan nu sanésna di Warkop Salira nyaéta, tiasa mesen kopi plus aya WiFi gratis. Janten, kopi sagelas, dipasihan wifi gratis dua jam, pangaos na mirah pisan, mung tilu rébu rupiah, ka-étang mirah lah sakitu mah.

Reujeung deuih, WiFi di Warkop Salira téh ngagunakeun koneksi IndiHome, anu tangtosna tos pada ka uninga ku sadayana, kumaha téréh na internétan nganggo IndiHome mah.

Ka anu badé sareng anu hoyong Ngopi sareng WiFi-an Gratis salami dua jam nganggo IndiHome, mangga kantun sumping waé ka Warkop Salira di palih Picung, Leuwiseeng, caket Warung Ma Ade. Buka na unggal dinten ti kawit tabuh lima énjing-énjing dugi ka tabuh sapuluh wengi.

» Thanks for reading: Ngabako di Warkop Salira Picung

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, September 22, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng