Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Tilu aktivitas anu paling Resep dina nuju Ngaronda

Posted by SALIRA GROUP on Tuesday, October 24, 2017

[caption id="attachment_154" align="alignnone" width="700"]Tilu aktivitas anu paling Resep dina nuju Ngaronda Ngasur-ngasur Seuneu, nuju Ngaliwet[/caption]

LEUWISEENG.COM - Upami ku urang di lenyepan, ternyata aktivitas Ngaronda téh tiasa janten obat stress anu ampuh.

Tah, bilih teu acan percanten mah, mangga wéh lakonan tilu aktivitas di handap ieu nalika ngaRonda. Nyaéta:

1. Ngaliwet di Sisi Pos Ronda

2. Ngariung Ngabako (ngobrol) naon waé di Pos Ronda bari Ngopi, komo anu di obrolkeun nana Piduiteun mah

3. Ngupingkeun Carita pangalaman kolot baheula (biasana anu ngadongéng nyaéta anggota Ronda anu atos rada aya umur-an

Tiap Jalmi bénten-bénten karesep na nalika ngaronda.

Mangga, bilih badé di tambihan, da mung tilu éta anu paling dipikaresep ku abi mah.

99% abi yakin pasti aya anu nyebut "Gapléééééhhh...." ceunah.

Sabagian Foto-foto Aktivitas nuju Ngaronda di Kampung Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat.

[caption id="attachment_155" align="alignnone" width="700"] Aya nu nuju Gapléh, aya nu nonton TV, aya nu maén HP[/caption]

[caption id="attachment_156" align="alignnone" width="700"] Nuang Sangu Liwet Berjamaah, lur[/caption]

[caption id="attachment_157" align="alignnone" width="700"] Macem2 aktivitas nuju Nga-Ronda[/caption]

[caption id="attachment_158" align="alignnone" width="700"] Pak Kuwu Desa Sukaherang, ngiringan Gapléh[/caption]

» Thanks for reading: Tilu aktivitas anu paling Resep dina nuju Ngaronda

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Tuesday, October 24, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng