Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

alah, ngarakacak bah, ah...

Posted by SALIRA GROUP on Friday, November 10, 2017

alah, ngarakacak bah, ah...

LEUWISEENG.COM - Pi-eunteungeun lur tah, kanggo urang sadayana, yén bakal seu-seur gogoda na dina ngalakonan kahirupan rumah tangga, terutami dina taun-taun énggal, nyaéta di usia pernikahan 2 sasih dugi ka 2 tahun. Seu-seur pisan gogoda na tah dina dina taun-taun éta. Catet tah lur. Supados siap-siap.

Mangga, der... urang ngawih heula lur, ah...

Mega Hideung - Yayan Jatnika



Tuh itu Layung siga pundung
Ningal urang nu teu satujuan
Naha anjeun bisa robah anu geus pasini
Da bongan anjeun nu ménta
Kuring nganteur kahayang na
Anjeun hayang pepegatan

Tuh itu Méga ngahalangan
Langit anu rék ngagebray ca'ang
Naha ku teu sangka akhirna geuning beut kieu
Kacinta urang dua'an, aya nu ngahihileudan
Gogoda éta keur urang

Méga hideung, ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arék hujan datang

Naha naon anu rék ditéang
Kanya'ah kacinta keur urang
Meureun kuring henteu ngalayah ku harta
Ukur banda cinta, modal anu boga jang Salira

Teu ngarti na jero pikirna
Yén harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih nganyahokeun, dibutuhkeun cinta
Lain ukur harta

Anjeun béda pilihana, nu ditéang geuning harta.....

» Thanks for reading: alah, ngarakacak bah, ah...

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, November 10, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng