Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Usaha Bisnis Online Google Adsense, hoyong?

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, September 23, 2017

Bisnis Online Google AdsenseLEUWISEENG.COM – Kanggo pengetahuan awal kanu teu acan terang naon atuh Google Adsense téh. Ieu lur, ku abi badé di jelaskeun sacara singket, ringkes, padat na nya. Janten, Google Adsense téh mangrupakeun Program Periklanan milik Google, dimana satiap Webmaster (sebutan ka jalmi anu kagungan website atanapi blog) tiasa kénging artos ti Google ku cara daftar ka Google Adsense sareng némpélkeun kode iklan Google Adsense di blog nyalira. Tah, satiap aya pengunjung anu nga Klik kana éta iklan di blog urang, maka urang (webmaster) kénging bayaran ti Google, anu ageung na nilai per klik iklan na téh rupi-rupi tergantung tema blog. Anu ageung bayaran nana mah nyaéta tema Asuransi atanapi hal-hal anu bergubungan sareng Finansial Perbankan, saperti Reksadaya, Saham, Obligasi, Trading Forex, sareng sajabana. Tiasa di cek di Google Planner di https://adwords.google.com/ko/KeywordPlanner/Home

Tah, ka saha waé jalmi (khusus na baraya anu aya di kampung Leuwiseeng sareng kampung Panyalahan), anu hoyong sami-sami diajar sareng abi kanggo Usaha Google Adsense, mangga kantun ngobrol waé sareng abi dina satiap malam Ahad, tabuh 23.30 dugi ka Janari (Tempat Ngabako na: di Pos Ronda Leuwiseeng palih lebak).

Sanés abi hartosna atos tiasa Bisnis Online Google Adsense, tapi ieu mah mung sa-ukur urang ngobrol wéh atuh, supados saling belajar. Sareng deuih, abi yakin, upami abi masihan élmu ka jalmi sanés, maka abi nyalira anu bakal langkung pinter sareng langkung sukses. Amin. Janten, teu aya istilah sieun ka-saingan dina usaha Google Adsense mah.

Kanggo informasi anu langkung lengkap, tiasa ngahubungi WA abi di 08-5353-99-4262.

Mudah-mudahan, béwara ieu aya manfaatnya kasadayana. Amin.

» Thanks for reading: Usaha Bisnis Online Google Adsense, hoyong?

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, September 23, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng