Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Wilujeng WiFi-an di Warkop Salira, Sarébu Rupiah per Jam na

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, September 24, 2017

WiFi Warkop SaliraLEUWISEENG.COM – WiFi Warkop Salira nyaéta mangrupakeun Layanan WiFi ti Warkop Salira kanggo saha waé jalmi anu sumping ka Warkop Salira. Janten, disamping tiasa ngobrol atanapi ngabako di warkop salira bari ngopi, maka anu dongkap ogé tiasa ngagunakeun / ngamanfaatkeun fasilitas jaringan WiFi Warkop Salira, sok sanaos teu bari mesan kopi.

Pangaos WiFi-an di Warkop Salira nyaéta Sarébu rupiah per Jam na. Kalayan koneksi ngagunakeun IndiHome Telkom, atuh jelas kacida gancang na. Seu-eur pisan para nonoman (Mojang sareng Bujang) anu kaparincut ku éta layanan WiFi Sarébu per Jam téh. Atuh teu kabita kumaha, da ku mirah téa, ogé gancang di anggo ngakses Internet na.

Anu katarik ati, ka géndam rasa sareng panasaran kumaha atuh ari karaos na WiFi-an di Warkop Salira téh?, mangga saé sumping waé ka Warkop Salira anu alamatna di palih Picung kampung Leuwiseeng, tepat na di caket warung Ibu Ade (Picung). Insya Alloh, WiFi-an di Warkop Salira, Sarébu Rupiah per Jam, maka Streaming Youtube tina Smartphone salira gé pasti Lancar Jaya, salami teu nuju gangguan ti IndiHome Telkom na.

Catatan: WiFi Warkop Salira, teu tebih sareng Layanan Warnet. Bénten na sa-alit, ari warnet mah ngakses Internet na nganggo PC (Personal Computer) di unggal bilik warnet, tah ari WiFi Warkop Salira mah, ngakses Internet na ku cara ngaktifkeun WiFi "Warkop Salira" di handphone séwang-séwangan di ruangan warkop Salira Picung Leuwiseeng.

» Thanks for reading: Wilujeng WiFi-an di Warkop Salira, Sarébu Rupiah per Jam na

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, September 24, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng