Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Kamarana atuh urang sunda téh Euy?, Hudang!

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, June 4, 2016

Kamarana ari Urang Sunda?
Disebut Euweuh,,, Aya.
Disebut Aya, heu-euh kamana atuh?
Heu-heuy Deu-deuh....

Urang sunda, kamarana?
Urang sunda, dimarana?
Urang sunda, urang mana?
Urang sunda, Anjeun saha?

Naha ngan sa-ukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan sa-ukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura témbongkeun urang sunda ogé bisa!

Témbongkeun urang gé bisa méla nagara
Témbongkeun urang gé bisa jadi pamimpin
Urang gé bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan.

Anu karesepna ngan ukur ngagéré ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan béntang di langit.

Mun urang kabéh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus

Lamun urang sunda kabéh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan.
Teu hararayang.

Sok buktikeun, lamun enya urang sunda téh aya kénéh
Tempokeun yén urang téh aya kénéh

Ulah siga ayeuna disebut aya, da teu-kaciri
Ari disebut euweuh da loba kénéh nu ngaku aya
Kamarana atuh urang sunda téh Euy?
Hudang...
Kadé ah...

Lirik Lagu Doel Sumbang - Urang Sunda.

» Thanks for reading: Kamarana atuh urang sunda téh Euy?, Hudang!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, June 04, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng