Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Pangémut-ngémut - Liliwetan Urang Picung - Munggahan Puasa Ramadhan 1437 H (2016 M)

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, June 5, 2016

Dinten ayeuna téh nyaéta dintenan terakhir sasih rewah. Enjing ngawitan sasih Ramadhan 1437 H (2016 M).

Urang ngaliwet wé ah lur, supados éncér émutan.

Tempat ngaliwet munggahan nyaéta di Jero Picung. Ari satadina mah hoyong na mah di sisi cimerah, caket sérang-na Ibu Jojoh, anu aya di wilayah sérang Sawah Picung, tapi atos di eusi ku nu sanés, sami acara liliwétan munggahan éta oge. Nya atos wé ngéléhan, di Jero picung.

Tuh mani ramé kitu, kolot budak gé marilu nga emam liwet na. Tapi ari anu ngasur-ngasur seuneu na mah tadi téh nga hiji dua, loloba na mah nu sanés na mah arulin kaditu-kadieu mani pasuliwer bari cocorowokan, bari lulumpatan jeung babaturan-babaturan nana.




Tah kitu lur, nya dipungkas pribados saparakanca ngucapkeun, Wilujeng ngajalankeun Ibadah Puasa Ramadhan tahun ieu 1437H (2016M). Mudah-mudahan sadaya amal ibadah urang sadayana ditampi ku Gusti Alloh SWT. Amin.

» Thanks for reading: Pangémut-ngémut - Liliwetan Urang Picung - Munggahan Puasa Ramadhan 1437 H (2016 M)

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, June 05, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng