Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Batur saur milu saur, Batur buka milu buka

Posted by SALIRA GROUP on Thursday, June 23, 2016

Tuturut munding (meureunan reuseup ka munding)
Tuturut munding (meureun kasurupan munding)
Tuturut munding (boa-boa ngélmu munding)
Tuturut munding (kalakuan siga munding).

Batur lieur, milu lieur
Batur ngaco, milu ngaco
Batur gélo, milu gélo
Diajak balég teu daék.

Batur saur milu saur
Batur buka milu buka
Ti beurang batur puasa
Manéhna jajan samangka.

Jajan samangka
Euweuh ka-éra.

Batur saur milu saur
Batur buka milu buka
Ti peuting batur tarawéh
Manehna cindeukul gapléh.

Cindeukul gapléh
Ngurus Balak Jebléh.

Malem lebaran
Batur di masjid takbiran
Manéhna sorangan
Mabok AO di péngkolan.

Poé lebaran
Batur salembur solat id
Manéhna ngajoprak
Dipépendé ku jin iprit.

Sumber:
Lirik Lagu "Tuturut Munding"
Doel Sumbang.

» Thanks for reading: Batur saur milu saur, Batur buka milu buka

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Thursday, June 23, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng