Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Ujang-ujang, énggal mésér surutu, Itu nu gaib hoyong surutu!

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, June 19, 2016

Urang mah mani sieun ku Jin jeung ku Iblis téh,
Da malah Salaki gé jadi nomer dua,

Ceuk salaki na téh:
"Cik inung na, meuli gudang garam sabatang mah kadituh,
kami téh geus nga-hakan jéngkol ieu téh, bau..."

Da buncelik awéwé mah,
Panon téh siga rék luncat,

"kawas gedé ngala duit téh"
(kituh cenah)

"Ngabalanjaan teu pira, ukur sarébu, jeung hayang rokok sagala, ngajedog!"
(kituh, ka salaki éta téh)

Geuleupeuk wé tatanga-na kasurupan,
"Ménta surutu!!!!..."

Da singkil harita kénéh awéwé mah,
"Ujang-ujang, énggal mésér surutu,
Itu nu gaib hoyong surutu..."

Tepi ka éléh salakina anu bungkeuleuk bari mulya tur kudu di ajénan, ceuk Alloh.
Tepi ka éléh di titah ku Iblis.

Sumber:
Ceramah Kh. Af Ghozali - Gaib.

» Thanks for reading: Ujang-ujang, énggal mésér surutu, Itu nu gaib hoyong surutu!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, June 19, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng