Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Karunya barudak can bayaran

Posted by SALIRA GROUP on Monday, May 16, 2016

Saban waktu nga-do'a, jang kulawarga kuring
Sing di-sabarkeun, sing di-soléhkeun, Salamina.

Saban poé katempo
Aspal di ujung jalan
Luak-lieuk, néangan penumpang keur tarikeun.

Akang ngaboséh
Kuring nyaksian
Kokoprot késang
Karunya teuing
Siga nu mopo
Mawa penumpang dua.

Akang ngaboséh
Kuring nyaksian
Kokoprot késang
Mani baraseuh
Keur ngabélaan
Jang barudak sakola.

Keun baé ieuh
Akang ridho ngaboséh
Tapi halal.

Ngabéca, aduh-aduh...
Bébélaan cangkeul
Urat ranteng
Tu-ur lék-lok
Kulit hideung
Tapi ridho pisan.

Ngabeca, aduh-aduh...
Bébélaan capé
Karunya barudak can bayaran.

Badé kana Béca, néng?
Oh muhun mang.
Alhamdulillahirobbil alamiin.
Mangga-mangga calik.

Sumber: Lirik Lagu D'BOZEG Ben Edun - NGABECA

Sumber foto.

» Thanks for reading: Karunya barudak can bayaran

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Monday, May 16, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng