Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Jangan Pasoléngkrah Begituh Parkir nyah!

Posted by SALIRA GROUP on Friday, May 6, 2016

tés, tés...
coba tolong diperhatikan
jangan pasoléngkrah begituh parkir nyah!
agar penumpang tidak mulek untuk milih beus.
sesuaikan dengan antrian.
dimulai dengan beus mios, budiman dan aladin.
di belakang aladin, baru beus gapuraning rahayu, harum, bahagya dan merdeka.

salikur taun hirup na mobil
gogorowokan néangan muatan
urat ranteng geus teu sieun rék pegat
serak-serak teu karasa géték, haus jeung panas geus biasa.

sajajalan siga bos gedé waé
ngabagi duit kanu marénta
dahar daging di réstoran, gaya
di imah mah nyaho kangkung, nyaho asin, reujeung sambel.

inilah nasibku
jadi pagawé mobil
momobilan waé
tapi teu boga mobil.

lamun muatan eukeur euweuh
teu angkot, teu beus, henteu élep sarua
nu dagang ngasong sok laleneng da kosong
mun geus kieu matak pusing kana otak
setoran tekor.

dunungan bernyanyi
bari mulak cangkéng.
siap di sekor
lima jalan nganggur.

kudu-na mah dunungan ngarti
muatan tara angger aya
setoran kudu bijaksana
dibédakeun mun keur ceuyah.

hayu urang kompak
dunungan bawahan
nyiar nu maslahat
dunya jeung akhérat.

Lirik Lagu: D'BOZEG Ben Edun - PAGAWE MOBIL

» Thanks for reading: Jangan Pasoléngkrah Begituh Parkir nyah!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, May 06, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng