Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Tokcér di dunya di bikeun adzab na, budak anu goréng akhlaq ka kolot mah!

Posted by SALIRA GROUP on Thursday, May 19, 2016

Kadé, barudak!
Tong nyieun sikep anu matak ngaraheutan haté kolot urang.
Doraka gedé!
Osok aya mamalana.

Teu kudu ngadagoan akhérat.
Da akhérat mah urusan ngitung amal.
Di dunya gé, awal/akhir, langsung di bikeun mamalana.
Boh karasa, Boh teu karasa
Boh rumasa, boh teu rumasa.
Tangarakeun wé..

Kadé, kadé...
Ieu mah lain nyingsieunan
Pédah ka dulur wé, karunya nga béjaan
Rék ngagugu sukur, teu ngagugu hég téh teuing da balukarna mah malines ka sorangan engké.
Teu kudu nunguan akhérat.
Tokcér di dunya di bikeun adzab na, budak anu goréng akhlaq ka kolot mah.
Banungan wé akhir hirup na.

Nalika kolot urang geus rémpo
Geus teu bisa ngala duit
Tah éta téh ujian sakaligus ladang amal jang barudakna
Matak naon atuh béré jang daharna?

» Thanks for reading: Tokcér di dunya di bikeun adzab na, budak anu goréng akhlaq ka kolot mah!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Thursday, May 19, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng