Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Titip putra/putri abi pa ajengan, pang warahkeun

Posted by SALIRA GROUP on Friday, April 1, 2016

Titip putra/putri abi,,,, pak ajengan, titip.
Abi teu ngaboga-boga.
Titip si ujang / si nyai pang lempengkeun sahadatna,
pang mamatahankeun halal haram-na,
pang benerkeun sujud ruku na.
pang didik keun akhlakna.

Urang bagi tugas ayeuna mah.
Abi anu tukang ngeusian eusi peujit na,
Ajengan anu tukang ngesian sirahna ku élmu islam.

Omat pa ajengan, omat,
Ulah mamawa abi di Pangadilan Alloh engké.
Abi teu rido di jongklok-keun ku anak abi kana naraka.
Abi atos nyerahkeun ka pa ajengan.
Titip putra/putri abi pa ajengan,
pang warahkeun.

Sumber ilustrasi foto (mung sa-ukur ilustrasi wungkul).

» Thanks for reading: Titip putra/putri abi pa ajengan, pang warahkeun

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, April 01, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng