Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Manéh mah, ngan dun-ya jeung dun-ya wé nu di obrolkeun téh!

Posted by SALIRA GROUP on Thursday, March 31, 2016

Rajeun migawé sholat duha, diselapan ku hayang beunghar atawa hayang pinter.
Usolli sunnatadduhaa lil hayang pinter.
Euweuh atuh pahala duha téh, da geus di tukeurkeun ku hayang beunghar atawa hayang pinter.

Rajeun daék hudang tengah peuting sholat tahajud, éh motivasi-na hayang punah hutang.
Usolli sunnatattahajjudi lil punah hutang.
Euweuh atuh pahala tahajud téh, da geus di tukeurkeun ku hayang punah hutang.

Rajeun ngadeluk daék maca dzikir népi ka diucapkeun rébuan kali,
Bari hayang payu ka awéwé atawa ka lalaki.
Euweuh atuh pahala maca dzikir téh, da geus di tukeurkeun ku hayang kawin.

Rajeun daék maca al-qur'an,
éh, daék sotéh kapaksa wé, da kusabab jadi syarat pikeun meunangkeun batu ali di tempat éta cenah.
Da syarat na kudu maca ayat itu, ayat éta sarébu balik unggal peuting pas jam dua welas (sabulaneun), supaya kapimilik batu ali sakti na.

Hésé tah, hayang Lillahi Ta'ala téh.
Tapi masing hésé gé, tetep bisa urang di-ajar Lillahi Ta'ala.

EDISI STATUS:
Nyarékan sorangan,
Da ari di-carékan ku batur mah, geuningan osok rada teu ngeunah.

Cek ka palih dieu lur:
Amat Disayangkan, Banyak Sedekah Hanya Untuk Memperlancar Rizki

di akhir bahasan rumaysho.com
di tulis ngango warna MERAH
"Kenapa Engkau Tidak Ikhlas Saja dalam Beramal?"
tah éta nu sesah téh, IKHLAS.

Conto:
teu weléh wé ari ngalakukeun duha téh sok ngagerentes na haté leutik:
"urang téh hayang lancar rezeki matak daek duha kikieuan téh,
da ceuk katerangan gé kitu, mun hayang lancar rezeki, dawamkeun duha"

matak saur alm. AF Ghojali,
kadé ulah mineng2 teuing ngomongkeun faedah ibadah ka barudak*
tapi kudu diangkat mah ngomongkeun pahala-na.
bisi tigejlok salah niat.
cenah.

* barudak didinya lain waé barudak dina hal umur-na, tapi barudak masalah islam-na.

» Thanks for reading: Manéh mah, ngan dun-ya jeung dun-ya wé nu di obrolkeun téh!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Thursday, March 31, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng