Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Cuplikan Ceramah Ki Dalang Alm. Asep Sunandar Sunarya

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, April 2, 2016

Assalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh.
Alhamdulillaah,
Wasy-syukru lillaah,
Nu ngawaler salam mugia paranyang yuswa, arageung milik,
Digampangkeun ibadah-na,
Digampangkeun usaha-na,
SING BABARI MAOT*.
Amin.
*meuning hésé paéh bu, meuning babari maot?

========================
Amplop ipis
Ari rék ngahargakeun di-ancam ku katerangan, pak.
Jadi saha-saha nu ngajual beulikeun ayat-ayat Kami kana barang nu teu sapira, maka langgeng dina Naraka salilana.
Numawi upami aya Kiyai anu ngahargakeun, dagor cukang irung na, tuman.
Na teu ningali éta ancaman?
Teu sieun ku éta ancaman?
Jadi, saha-saha nu ngajual beulikeun ayat-ayat Kami kana barang nu teu sapira, langgeng dina Naraka salilana.
Numatak tong nyapirakeun ka aing téh atuh.
========================

File ceramah "CERAMAH TERBAIK ASEP SUNANDAR SUNARYA KENANGAN TERINDAH KI DALANG"
badé di-upload dinten énjing via Warnet (pami teu aya halangan). Insya Alloh.

Sumber ilustrasi foto ti palih dieu.

» Thanks for reading: Cuplikan Ceramah Ki Dalang Alm. Asep Sunandar Sunarya

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, April 02, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng