Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Bacaan Sholat Lengkap - Arab sareng hartosna dina Basa Sunda

Posted by SALIRA GROUP on Thursday, January 7, 2016

Bacaan Sholat (Arab sareng hartosna basa sunda)
Bacaan Sholat
(Arab sareng hartosna basa sunda)
Kumargi hal ieu kacida peryogina kanggo urang sadayana, boh éta mah kanggo anu atos ageung, atanapi langkung-langkung kanggo ka para murangkalih anu nembé diajar babacaan sholat.

Tah, ku maksad éta, sahingga di pintonkeun ieu postingan perkawis "Bacaan Sholat Lengkap - Arab sareng hartosna dina Basa Sunda".

Sumber urutan bacaan sholat ieu nyaéta ti Yayasan Pendidikan Muslimin - Madrasah Tsanawiyah Leuwiseeng, Sukaherang Singaparna Tasikmalaya, Tahun 1432 H. / 2011 M. Disusun ku: Dede Suryana, S.Ag. MSI.

Mudah-mudahan aya manfaatna sareng janten amal sholeh kanggo saha waé urang anu nyebar luaskeun béwara ieu ka wargi-wargi urang anu sanésna.
Kango Nga-Share kana Facebook, klik ieu.
Tah ieu dulur sadayana, bacaaan sholat lengkep na:
  1. Ushollii
    Sholat abdi
  2. Fardhosh shubhi
    Kana fardu Shubuh
  3. Rok'ataini
    Dua roka'at
  4. Mustaqbilal ka'bah
    Bari madep ka ka'bah
  5. Adaa-an
    Dina waktosana
  6. Ma'muuman
    Bari ngama'mum
  7. Lillahi ta'ala
    Karana Allah Ta'ala
  8. Alloohu akabar
    Ari Allah eta anau maha Agung
  9. Alloohu akabar
    Ari Allah eta anau maha Agung
  10. Kabiiron
    Kalayan Agung saleresna
  11. Walhamdu
    Sareng ari sadaya puji
  12. Lillahi
    Eta tetep kagungan Allah
  13. Katsiiron
    Kalayan puji anu seueur
  14. Wasubhaanallohi
    Sareng Maha Suci Gusti Allah
  15. Bukrotan
    Enjing-enjing
  16. Waasiilan
    Sareng sonten
  17. Innii
    Sayaktosna abdi
  18. Wajjahtu
    Madepkeun abdi
  19. Wajhiya
    Kana badan abdi
  20. Lilladzii
    Kana Dzat Allah
  21. Fatoro
    Anu parantos ngadamel Allah
  22. Assamaawaati
    Kana pirang-pirang langit
  23. Wal-ardho
    Sareng bumi
  24. Haniifan
    Bari condong kana agama
  25. Musliman
    Kalayan pasrah
  26. Wamaa anaa
    Sareng sanes abdi
  27. Minal Musyrikin
    Ti rengrengan jalmi-jalmi musyrik
  28. Inna sholaatii
    Sayaktosna sholat abdi
  29. Wanusukii
    Sareng ibadah abdi
  30. Wamahyaaya
    Sareng hirup abdi
  31. Wamamaatii
    Sareng maot abdi
  32. Lillaahi
    Eta tetep kagungan Allah
  33. Robbil-'aalamiina
    Anu mangeranan sadaya alam
  34. Laasyariika
    Teu aya nu ngarencangan
  35. Lahuu
    Ka Dzat Allah
  36. Wabizdaalika
    Sareng kumargi kitu
  37. Umirtu
    Dipiwarang abdi
  38. Wa-ana
    Sareng ari abdi
  39. Minal-muslimiina
    Eta ti rengrengan jalmi-jalmi anu pasrah
  40. A-'uudzu
    Nyalindung abdi
  41. Billahi
    Ka Gusti Allah
  42. Minasy syaithooni
    Tina godaan syetan
  43. Arrojiimi
    Anu ditebihkeun tina Rahmat Allah
  44. Bismillaahi
    Kalayan nyebat jenengan Allah
  45. Arrohmaani
    Anu maparin ni'mat ageung di dunya sareng di akherat
  46. Arrohiimi
    Anu maparin ni'mat alit di akherat wungkul
  47. Alhamdu
    Ari sadaya puji anu opat
  48. Lillahi
    Eta tetep kagungan Allah
  49. Robbil-'alamiina
    Anu mangeranan sadaya alam
  50. Arrohmaani
    Anu maparin ni'mat ageung di dunya sareng di akherat
  51. Arrohiimi
    Anu maparin ni'mat alit di akherat wungkul
  52. Maaliki yaumiddiini
    Anu ngaratuan dina dinten wawales
  53. Iyyaaka
    Ka Gusti Wungkul
  54. Na'-budu
    Ibadah abdi sadaya
  55. Wa-iyyaaka
    Sareng ka Gusti wungkul
  56. Nasta-'iinu
    Nyuhunkeun pitulung abdi sadaya
  57. Ihdinaa
    Mugi nuduhkeun gusti ka abdi sadaya
  58. Ash-shirootho
    Kana jalan
  59. Almustaqiima
    Anu lempeng
  60. Shiroothol-ladziina
    Nyaeta jalana jalmi-jalmi
  61. An-'amta
    Anu patantos masihan ni'mat Gusti
  62. 'Alaihim
    Ka eta jalmi-jalmi
  63. Ghoiril-Maghhduubi
    Sanes jalana jalmi anu dibenduan
  64. 'Alaihim
    Ka eta jalmi-jalmi
  65. Waladzh-dzholliina
    Sanes jalana jalmi-jalmi anu salasar
  66. Robbigfirlii
    Mugi Gusti ngahapunten ka abdi
  67. Aamiin
    Mugi Gusti nga-ijabah do'a abdi sadaya
  68. Bismillaahi
    Kalayan nyebat jenengan Allah
  69. Arrohmaani
    Anu maparin ni'mat ageung di dunya sareng di akherat
  70. Arrohiimi
    Anu maparin ni'mat alit di akherat wungkul
  71. Wal-'ashri
    Demi waktos Ashar
  72. Innal-insaana
    Sayaktosna ari jalmi-jalmi
  73. Lafii-khusrin
    Eta yakin aya dina karugelan
  74. Illallladziina-aamanuu
    Kecuali jalmi-jalmi anu ariman
  75. Wa'amilush-shoolihaati
    Sareng anu maridamel amal sholeh
  76. Watawaa-shoubil-haqqi
    Sareng anu silih wasiatan dina leres
  77. Watawaa-shoubish-shobri
    Sareng anu silih wasiatan dina sabar
  78. Alloohu-akabar
    Ari Allah eta anau maha Agung
  79. Subhaana robbiyal-'adhiimi
    Maha suci Pangerang abdi anu maha Agung
  80. Wabihamdihi
    Sareng muji abdi ka Allah
  81. Sami-'alloohu
    Maha ngadangu Gusti Allah
  82. Liman
    Ka jalmi
  83. Hamidahu
    Anu muji jalmi ka Allah
  84. Robbanaa
    Duh pangeran abdi sadaya
  85. Lakal-hamdu
    Kagungan Gusti ari sadaya puji
  86. Mil-ussamaawaati
    Anu parantos minuhan langit tujuh
  87. Wamil-ul-ardhi
    Sareng anu parantos minuhan bumi tujuh
  88. Wamil-umaa-syi'ta
    Sareng anu parantos minuhan kana perkara anu ngersakeun Gusti
  89. Min-syain ba'du
    Tiana rupi-rupi perkara saba'da minuhan langit tujuh sareng bumi tujuh
  90. Alloohu
    Ari Allah
  91. Akbaru
    Eta anu maha Agung
  92. Alloohummahdinaa
    Ya Allah mugi Gusti nuduhkeun ka abdi sadaya
  93. Fiiman
    Sarta jalmi
  94. Hadaita
    Anu parantos nuduhkeun Gusti ka eta jalmi
  95. Wa-'aafinaa
    Sareng mugi Gusti ngadamangkeun ka abdi sadaya
  96. Fiiman
    Sarta jalmi
  97. 'Aafaita
    Anu parantos ngadamangkeun Gusti ka eta jalmi
  98. Watawallanaa
    Sareng mugi Gusti nguruskeun ka abdi sadaya
  99. Fiiman
    Sarta jalmi
  100. Tawallaita
    Anu parantos nguruskeun Gusti ka eta jalmi
  101. Wabaariklamaa
    Sareng mugi Gusti ngaberkahan ka abdi sadaya
  102. Fiimaa
    Dina perkara
  103. A'athoita
    Anu parantos maparin Gusti kana eta perkara
  104. Waqinaa
    Sareng mugi Gusti ngariksa ka abdi sadaya
  105. Birohmatika
    Ku Rahmat Gusti
  106. Syarromaa
    Kana awona perkara
  107. Qodhoita
    Anu parantos mastikeun Gusti
  108. Fa-innaka
    Maka sayaktosna Gusti
  109. Taqdhii
    Eta anu mastikeun
  110. Walaa-yuqdhoo
    Sareng moal aya nu mastikeun
  111. 'Alaika
    Ka gusti
  112. Wa-innahu
    Sareng sayaktosna kalakuan sareng tingkah
  113. Laa-yadzillu-man
    Moal hina jalmi
  114. Waalaita
    Anu parantos nulungan Gusti ka eta jalmi
  115. Walaa-ya-'izzu-man
    Sareng moal mulya jalmi
  116. 'Aadaita
    Anu parantos ngamusuhan Gusti ka eta jami
  117. Tabaarokta
    Maha Suci / maha Barokah Gusti
  118. Robbanaa
    Duh pangeran abdi sadaya
  119. Wata-'aalaita
    Sareng maha luhur Gusti
  120. Falaka
    Maka eta tetep kagungan Gusti
  121. Alhamdu
    Ari sadaya puji anu opat
  122. 'Alaa-maa
    Netepan kana perkara
  123. Qodhoita
    Anu parantos mastikeun Gusti
  124. Astaghfiruka
    Neda panghapunten abdi ka Gusti
  125. Wa-atuubu-ilaika
    Sareng tobat abdi ka Gusti
  126. Allohumma
    Ya Allah
  127. Sallimnaa
    Mugi nyalametkeun ka abdi sadaya
  128. Wal-muslimiina
    Sareng ka jami-jalmi muslim
  129. Wa-'aafinaa
    Sareng musi Gusti nyehatkeun ka abdi sadaya
  130. Wal-muslimiina
    Sareng ka jalmi-jalmi muslim
  131. Waqinaa
    Sareng mugi Gusti ngariksa ka abdi sadaya
  132. Wa-iyyaahum
    Sareng ka jalmi-jalmi muslim
  133. Syarro-mashoo-ibiddunyaa
    Tina kaawonan musibah-musibah dunya
  134. Walladziina
    Sareng musibah agama
  135. Washollalloohu
    Sareng mugi maparin Rahmat Gusti Allah
  136. 'Alaa-khoiri-kholqihi
    Ka pangsae-saena makhluq Allah
  137. Sayyidinaa
    Kadunungan abdi sadaya
  138. Muhammadin
    Tegesna Kangjeng Nabi Muhammad SAW
  139. Wa-'alaa-aalihi
    Sareng ka kulawargina kangjeng Nabi
  140. Wa-shohbihi
    Sareng ka sahabatna Kangjeng Nabi
  141. Wa-sallama
    Sareng mugi Gusti maparin kasalametan
  142. Alloohu-akbar
    Ari Allah eta anu maha Agung
  143. Subhaana
    Maha Suci Allah
  144. Robbiya
    Pangeran abdi
  145. Al-a'la'
    Anu maha luhur
  146. Wa-bihamdihi
    Sareng muji abdi ka Allah
  147. Alloohu-akbar
    Ari Allah eta anu Maha Agung
  148. Robbighfirlii
    Mugi Gusti ngahapunten ka abdi
  149. Warhamnii
    Sareng mugi Gusti mikanya'ah ka abdi
  150. Wazburnii
    Sareng mugi Gusti nambalan kana kakirangan ibadah abdi
  151. Warfa'nii
    Sareng mugi Gusti ngaluhurkeun derajat abdi
  152. Warzuqnii
    Sareng mugi Gusti Nga-rizqi-an ka abdi
  153. Wahdinii
    Sareng mugi Gusti masihan Hidayah ka abdi
  154. Wa-'aafinii
    Sareng mugi Gusti masihan kasehatan ka abdi
  155. Wa'-fu-'anniii
    Sareng mugi Gusti ngahapunten kana kalepatan-kalepatan abdi
  156. Attahiyyaatu
    Ari sadaya kahormatan
  157. Al-mubaarokaatu
    Anu diberkahan
  158. Ash-sholawaatu
    Ari sadaya Rahmat
  159. Ath-thoyyibaatu
    Anu sarae
  160. Lillaahi
    Eta tetep kagungan Allah
  161. Assalaamu
    Ari kasalametan
  162. 'Alaika
    Eta mugi tetep ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW
  163. Ayyuhannabiyyu
    Hai anu janten Nabi
  164. Warohmatulloohi
    Sareng Rahmatna Gusti Allah
  165. Wabarokaatuhu
    Sareng kaberkahan Gusti Allah
  166. Assalaamu
    Ari kasalametan
  167. 'Alainaa
    Eta mugi tetep ka abdi sadaya
  168. Wa-'alaa-'ibaadillaahi
    Sareng ka hamba-hambana Allah
  169. Ash-shoolihiina
    Anu saroleh
  170. Asyhadu
    Ngayakinkeun abdi
  171. An
    Kana sayaktosna kalakuan sareng tingkah
  172. Laa-ilaaha
    Teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan
  173. Illalloohu
    Anging Gusti Allah
  174. Wa-asyhadu
    Sareng ngayakinkeun abdi
  175. Anna-Muhammadan 
    Kana sayaktosna Kangjeng Nabi Muhammad SAW
  176. Rosuululloohi
    Eta utusan Alloh
  177. Alloohumma
    Ya Alloh
  178. Sholli
    Mugi nambihan Rahmat
  179. 'Alaa-sayyidinaa
    Ka dunungan abdi sadaya
  180. Muhammadin
    Tegesna kangjeng Nabi Muhammad SAW
  181. Wa-'alaa-aali sayyidinaa
    Sareng ka kulawargi dunungan abdi sadaya 
  182. Muhammadin
    Tegesna ka kangjeng Nabi Muhammad SAW
  183. Kamaa-shollaita
    Sapertos anu parantos masihan Rahmat Gusti
  184. 'Alaa sayyidinaa
    Ka dunungan abdi sadaya
  185. Ibroohiima
    Tegesna kangjeng Nabi Ibrahim AS
  186. Wa-'alaa aali sayyidinaa ibroohim
    Sareng ka kulawagi kangjeng Nabi Ibrahim AS
  187. Wabaarik
    Sareng mugi ngaberkahan Gusti
  188. 'Alaa sayyidinaa
    Ka dunungan abdi sadaya
  189. Muhammadin
    Tegesna kangjeng Nabi Muhammad SAW
  190. Wa'alaa aali sayyidinaa
    Sareng ka kulawargi dunungan abdi sadaya
  191. Muhammadin
    Tegesna kangjeng Nabi Muhammad SAW
  192. Kamaa-baarokta
    Sapertos parantos ngaberkahan Gusti
  193. 'Alaa sayyidinaa ibroohim
    Tegesna kangjeng nabi Ibrahim AS
  194. Wa'alaa aali sayyidinaa ibroohim
    Sareng ka kulawagi kangjeng nabi Ibrahim AS
  195. Fill-'aalamiina
    Di ieu alam
  196. Innaka
    Sayaktosna Gusti
  197. Hamiidun
    Eta anu di puji
  198. Majiidun
    Tur anu maha Agung
  199. Alloohuma
    Ya Allah
  200. Innii
    Sayaktosna abdi
  201. A'uudzu
    Nyalindung abdi
  202. Bika
    Ka Gusti
  203. Min-'adzaabilqobri
    Tina siksa kubur
  204. Wamin-'adzaabinnaari
    Sareng tina siksa naraka
  205. Wamin-fitnatil-mahyaa
    Sareng tina fitnah kahirupan
  206. Wal-mamaati
    Sareng tina fitnah maot
  207. Wamin-fitnatil-masiihiddajjaali
    Sareng tina fitnah Dajjal anu teu ningali
  208. Assalaamu
    Ari kasalametan
  209. 'Alaikum
    Eta tetep pikeun aranjeun
  210. Warohmatulloohi
    Sareng rahmatna Gusti Allah.
Alhamdulillahirobbil 'aalamiin. Réngsé ogé, lur. nga-backup catetan penting bacaan sholat ieu.

Mugia janten manfaat sareng berkah kanggo sadayana. Amin.

Teu kénging hilap, énggal di SHARE keun kana facebook. KLIK waé link ieu kanggo nga share kana FB langsung.

» Thanks for reading: Bacaan Sholat Lengkap - Arab sareng hartosna dina Basa Sunda

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Thursday, January 07, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng