Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Cikan, nyobian abi, Jalan Beton Plus Aspal Gagarmuncang téh

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, January 3, 2016

Foto-foto penjelajahan nyobian jalan énggal, nyaéta jalan gagarmuncang.

Ngawitan nga-jepretkeun foto di palih / caket Astana Dalem - Kampung Sadanyana, Desa Sukaherang.

Tujuan diwangun-na jalan ieu: Ari ka-to-ong na mah, kamungkinan besar, Ieu jalan téh, khususna mah kanggo ngahubungkeun antara Jalan Raya Barat Singaparna ka jalan Leuwisari, kapayun na, supados ngirangan kamacetan jalan cikeleng anu sakitu padat rapat merayap pami dina pas dinten-dinten anu istiméwa téh.

Tapi punten ieu téh, pribados teu tiasa ngabéwarakeun data pembangunan jalan salengkepna, margi ngan sakieu-kieu na atuh da, nu terang pribados mah. Mung tiasa masihan foto-foto jalan na. :)

Mangga anu badé jalan-jalan sareng kulawargi, ké sonten ka jalan éta. Tapi hati-hati, masih kénéh seu-seur keusik leu-eur. margi énggal kénéh jalan-na.

Sareng deui pinggiran nana teu acan aya penghalang jalan, hati-hati kebablasan, tiasa-tiasa motor terjun ka kotakan sérang geura. hati-hati!!!

Tah ieu lur, penampakan jalan na téh:

Foto Jalan Gagarmuncang No. 1
Foto Jalan Gagarmuncang No. 2
Foto Jalan Gagarmuncang No. 3
Foto Jalan Gagarmuncang No. 4
Foto Jalan Gagarmuncang No. 5
Foto Jalan Gagarmuncang No. 6
Foto Jalan Gagarmuncang No. 7
Foto Jalan Gagarmuncang No. 8
Foto Jalan Gagarmuncang No. 9
Foto Jalan Gagarmuncang No. 10
Foto Jalan Gagarmuncang No. 11
Foto Jalan Gagarmuncang No. 12
Foto Jalan Gagarmuncang No. 13
Teras wé ambil lurus ka jalan ieu!

Foto Jalan Gagarmuncang No. 14
Teu kénging nyanak jalan ieu, mentok ka pilemburan sareng langkung ngalitan si jalan na.

Foto Jalan Gagarmuncang No. 15
Aya jelas plang seratan:
YPI Al Mawaddah - Pondok Pesantren Mawaddatul Huda
Program Pondok Pesantren:
- Majlis Ta'lim
- Madrasah Diniyah
- TKA
- PSAA
Kampung Cihaur, Desa Arjasari, Kecamatan Leuwisari, Kabupaten Tasikmalaya 46464.
(pami arah ti malaganti mah palih kanan)
(pami arah ti singaparna mah palih kiri)

Foto Jalan Gagarmuncang No. 16
Teras aya oge plang:
SMK CENDEKIA
sami
(pami arah ti malaganti mah palih kanan)
(pami arah ti singaparna mah palih kiri)

Catet foto-foto éta (di-jepret ping 03 Januari 2016). Yuk dulur sadayana, urang sami-sami tinénan, kiten-kiten dina 20 tahun kapayun engké, tos se-eur bangunan ruko (rumah toko) teu di sapanjang jalan gagarmuncang éta?

Sakitu anu kapihatur, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo dulur sadayana.

» Thanks for reading: Cikan, nyobian abi, Jalan Beton Plus Aspal Gagarmuncang téh

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, January 03, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng