Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Nyawang mangsa katukang

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, January 9, 2016

Dina bulan puasa bari usum halodo.
Ngabuburit bari moro langlayangan anu éléh.
Indit téh mani ti dur ashar kénéh.
Naragog wé dina galeng.
Bari ngabarako sareng babaturan salembur sapantar
Bari luak-lieuk sugan aya langlayangan anu éléh.
Becir wé di udag sakulampat lampétna.
Remen pisan dicarékan ku si emang nu gaduh sérang.
Da ngagaley paré nu keur meujeuhna beukah (rebutan langlayangan).




Jalan satapak di sawah Gagar muncang
Baheula mah acan alus modél kitu jalan na téh
Baheula mah jalan éta téh teu mang rupa
Jukut mani barala sareng kadang loba logak garedé
Matak paur anu numpakan motor.
Nya darékdok deuih.

Tuh, geuning ayeuna mah tos ngabulungbung
Jalan beton ditimpah ku aspal
Nepungkeun Jalan Raya Singaparna Kulon jeung Jalan Leuwisari Kalér.
Mugia wé sing seu-eur manfaatna kanggo hajat rahayat leutik.

» Thanks for reading: Nyawang mangsa katukang

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, January 09, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng