Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Lima alam anu atos sareng badé di sorang ku satiap manusa

Posted by SALIRA GROUP on Friday, November 6, 2015

Lalakon hirup satiap manusa, teu tiasa leupas tina Lima alam ieu. Mana waé tah?

1. Alam Roh

Waktos di alam roh, sadayana roh manusa atos sumpah badé satia ta'at ka Allah SWT, badé ngalakukeun sagala paréntah Manten-Na sareng badé ninggalkeun naon waé anu di caram ku Manten-Na (Gusti Allah SWT). Durasi lami waktos manusa aya di alam roh, teu aya nu terangeun salain ti Gusti Allah SWT.

2. Alam Rahim

Di alam rahim, aya proses dihijikeun-nana roh sareng jasad dina yuswa kandungan opat sasih di leubeut rahim ibu. Durasi lami waktos urang aya di alam rahim nyaéta sakitar 9 (salapan) sasih.

3. Alam Dunya

Mangrupakeun tempat di uji (tempat ujian), dicobi kunu Kawasa (Gusti Allah SWT). Hasil ujian-nana, ké tiasa di tingali buku rapor-na di alam salajengna, alam nomer 5, malihan mah kétang di alam nomer opat gé tos di tingalikeun hasil nilai ujian urang téh. Durasi lami waktos na, kirang-langkung kana 80 dugi ka 90 tahun (éta ogé upami dipasihan yuswa panjang).

4. Alam Barzakh

Mangrupakeun alam kanggo pamisah antara Alam Dunia sareng Alam Akherat. Alam Barzakh téh tiasa waé disebat alam kanggo ngantosan dongkapna dintenan Qiamat. tah, Dinten Qiamat mangrupakeun gapura utama (gerbang awal) kanggo menuju ka alam nu salajengna nyaéta alam Akhérat.

5. Alam Akhérat

Tah alam akhérat aya sababaraha urutan nyaéta:

  1. Dikawitan ku kajadian nana Qiamat, nyaéta ruksak na sadaya alam semesta.
  2. Teras lebet kana Dinten Kebangkitan, nyaéta sadayana manusa ti kawit nabi Adam as. dugi ka manusa paling akhir (sanés manusa wungkul, tapi sadaya kangaranan makhluk ciptaan Allah SWT) dibangkitkeun teras dikempelkeun dina hiji tempat anu disebat padang mahsyar.
  3. Peristiwa salajengna nyaéta Dintenan Hisab (perhitungan amal) sareng Mizan (timbangan amal) kanggo manusa. Dina dintenan éta, maka manusa ditaros 5 (lima) hal, nyaéta (1) diatos umurna, dianggo naon wae di séépkeun umur urang téh?, (2) teras ditaros tentang masa muda, dianggo naon waé?, teras ditaros tentang harta urang. (3) timana di téangan-nana sareng (4) kamana digunakeun-nana?, (5) anu terakhir ditaros tentang élmu urang (naha élmu éta téh dipaké ngabantu batur, atanapi dipaké nipu batur.
  4. Peristiwa saterasna nyaéta Dintenan Pembalasan, nyaéta balasan syurga anatapi neraka.
    Durasi waktos urang aya di alam Akhirat nyaéta Salalawasna, kekal, abadi, teu aya tung-tungna. Boh dina surga, anatapi na Naraka. Boh ka naraka heula ('auudzubillahiminasyaithonirrojim) teras ka surga.

Tah, upami ku urang di hayati ku manah anu saé, maka pasti bakal nimbulkeun pertarosan kieu ka urang sorangan: "Masih badé teras lujag léjég di dunya anu mung sa ukur 80 taun-neun ieu?"

Sumber foto.

» Thanks for reading: Lima alam anu atos sareng badé di sorang ku satiap manusa

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, November 06, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng