Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Kakalah wé sakola luhur, ari gawé hésé (ceunah)

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, November 4, 2015

Mindset atanapi pola pikir ka-seu-seu-euran urang tah kitu, janten mandang tujuan sakola téh supados gampil damel, supados tiasa janten PNS, sareng hal sadarajat / sapadan tina éta.

Ari anu saleresna mah, sakola téh kanggo milari élmu, sanés milari damel. Da upami urang hoyong langsung milari damel mah, langsung waé ciptakeun padamelan nyalira, pilari élmu na dina google gé Insya Allah pabalatak hoyong élmu naon waé ogé aya didinya, kantun urang na waé aya kahoyong kanggo diajar dugi ka tiasa-na atanapi henteu?

Didieu, sanés maksad sakola teu peryogi. Sakola téh kalintang pisan peryogina, malihan mah saé henteu na generasi muda hiji nagara, tiasa ditingali tina tingkat pendidikan formal pendudukna, pan kitu, bahwa rata-rata tingkat pendidikan formal téh atos dilebetkeun kana salah-sahiji kriteria kanggo ngukur kana kemajuan masa depan suatu nagara.

Namung teu kenging disandarkeun yén tujuan sakola téh kanggo supados gampil milari padamelan, atanapi tujuan kuliah téh supados gampil janten PNS atuh. Upami kitu tujuan nana mah, hawatos ka diri urang nyalira, dina teu berhasilna, pasti aya rasa kuciwa pisan, dugi ka jol wé aya cariosan ti urang nyalira "Kakalah wé sakola luhur, ari gawé hésé (ceunah)".

Tah, cariosan "Kakalah wé sakola luhur, ari gawé hésé (ceunah)" éta téh timbul tina lantaran urang lepat kaprah, lepat niat, lepat mindset, lepat pola pikir. Anu sakedahna yakinkeun sareng tekadkeun ku urang, yén tujuan sakola atanapi kuliah téh kanggo néangan élmu. Kanggo bekel hirup bermasyarakat, méh tiasa saluyu / cocok sareng anu di kedahkeun ku ajaran Agama sareng aturan Pamaréntah, janten boh éta mah élmu agama atanapi élmu umum. Tah hasil tina néangan élmu ti sakola atanapi ti bangku kuliah, pék praktekkeun, éta mah badé di praktekkan dina babakti janten PNS, tapi upami janten PNS sesah, nya atuh teu kénging di paksakeun, lawang kahirupan atanapi lawang pi-artoseun téh sanes waé tina PNS, ogé sanés waé tina janten padamel di pabrik. Sok motékar ciptakeun pagawéan sorangan (peluang usaha sorangan). Saur sepuh urang téa mah, "tong hayang waé di huapan, tapi ayeuna mah sok diajar ngahuapan batur", (maksadna nga-gaji-batur). Istilah kampung-na mah, sok atuh diajar "Wiraswasta".

Dina perkawis Wiraswasta, mémang teu sa-gampil nyarios kieu, tapi upami keyeng pasti pareng. Sanes kitu, lur?

» Thanks for reading: Kakalah wé sakola luhur, ari gawé hésé (ceunah)

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, November 04, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng