Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Jalan Beton mani ngabulungbung sapanjang 210 meter, lebar 1.5 meter di Astana ageung Kampung Leuwiseeng

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, November 7, 2015

Dinten ayeuna, nyaéta dinten Saptu, ping 7 November 2015, ti kawit énjing-énjing gé, katingali atos seu-seur jalmi anu ngiringan gotong royong kanggo pangwangunan jalan beton di wewengkon caket astana ageung, kampung leuwiseeng.

Janten, jalan beton ngabulungbung éta téh teu acan aya, tapi nuju di bangun ayeuna pisan ku sadaya masyarakat Leuwiseeng. Target panjang jalan beton éta nyaéta sapanjang 210 meter, sareng lebarna 1.5 meter.

Pangwangunan nana ti kawit ujung kampung leuwiseeng anu palihan jajalanen badé ka astana ageung (caket susukan cideukeut) teras kebat ka palih ci ampo. Anu panjang na 210 meter.

Program ieu, lebet kana Program Nasional Pemberdayaan Masyarakat - Mandiri Perkotaan (PNPM-MP) LKM PWD Sukaherang.

Jalan beton di astana ageung eta, di usung ku KSM Kelelawar, anu alamatna aya di Kp. Leuwiseeng, Rt.02 Rw.09. Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat. BLM PNPM na Rp. 13.361.000,- , Nilai Usulan Swadaya-na Rp. 4.636.000,- , Sahingga total na Rp. 17.997.000,-

Tujuan diwangun na jalan beton di astana ageung éta nyaéta kanggo langkung ngagampilkeun masyarakat leuwiseeng sareng panyalahan sareng ogé masyarakat kampung ci ampo (sareng atuh kum waé pada umum na) dina nyorang area jalan éta. Sareng deui éta jalan téh mangrupikeun jalan utama kanggo panghubung dua lembur anu bénten kacamatan, nyaéta ngahubungkeun kampung leuwiseeng anu aya di kacamatan Singaparna sareng kampung ci ampo anu aya di kecamatan Leuwisari. Sahingga fungsi jalan éta kalintang peryogina, kapayun na, kendaraan motor sareng pejalan kaki mudah-mudahan langkung lalugina nyorang éta jalan.

Nya kusabab kitu, sabagian warga leuwiseeng, aya anu nyarios saurna, kalintang langkung afdol na upami ti masyarakat kampung ci ampo sami-sami ngalakukeun ngabangun nyambungkeun jalan éta - supados éngke tiasa tepung si jalan na. pan langkung raos. saur na téh.

Dugi ka danget ayeuna, éta jalan beton téh mémang teu acan réngsé (sakumaha katingali ku baraya sadaya dina foto). Nya kusabab kitu, yuk urang énggal ngabantos ngiring gotong royong mantuan nyodor-nyodorkeun bahan cor-an nana. Baraya tiasa langsung waé sumping ka astana ageung di kampung leuwiseeng dina dinten ayeuna sareng ogé tiasa dina dinten-dinten énjing sareng salajengna.

Kanggo informasi langkung lengkap na mah, mangga tiasa waé nyumpingan sareng naros ka para bapak RT & RW di wewengkon RW.09 Kampung Leuwiseeng.

Dokumentasi foto kagiatan dinten ieu:















» Thanks for reading: Jalan Beton mani ngabulungbung sapanjang 210 meter, lebar 1.5 meter di Astana ageung Kampung Leuwiseeng

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, November 07, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng