Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Pang wartoskeun yén kampung Leuwiseeng peryogi Speedy Telkom

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, February 14, 2016

Dugi ka danget ayeuna (ping 14 Februari 2016), Internet di kampung Leuwiseeng Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, masih lélét, kumargi mung ngandelkeun koneksi Internet pakétan Operator Selular (wireless) da atuh. Nya pasti hasilna karaos pisan lemot na (saur barudak ngora téa mah).

Salesena mah, éta gé mémang aya paket internet ti operator selular anu rada ngebut, tapi teu aya anu wantuneun atuh da, kumargi pangaos langganan nana anu kawilang awis (pake sistem quota deuih, tiasa-tiasa 200 rebu sé-ép sa dinten neun, heheh).

Terakhir, harapan aya dina Speedy Telkom. Tapi hanjakal lur, jaringan Speedy teu acan lebet ka Kampung Leuwiseeng mah. Duka Iraha tiasa aya Speedy ka Leuwiseeng?

Aya ogé solusi ngagunakeun Internet satelit, tapi nalika di talungtik pangaos waragad kanggo langganan bulanan nana, wow, geuningan awis pisan, kana 3,5 juta an sa sasih na (éta téh paket pang awon na).

Janten, harapan pang akhirnya, tetep ka Speedy Telkom. Mugia wé atuh ieu seratan ka aos ku Pimpinan Telkom Singaparna.

Atuh ka baraya anu tiasa gaduh hubungan langsung sareng pak Pimpinan Telkom, Punten ah, pang wartoskeun béwara ieu. Pang wartoskeun yén kampung Leuwiseeng peryogi Speedy Telkom.

Upami atos aya wartos atanapi tanggapan ti pihak terkait, punten lur, hubungi abi di 085353994262. Hatur nuhun.

Ya Alloh, mudah-mudahan ka Leuwiseeng sing enggal aya solusi Internet Cepat! - Amin.

» Thanks for reading: Pang wartoskeun yén kampung Leuwiseeng peryogi Speedy Telkom

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, February 14, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng