Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Anak Kuya, pameunang ti Walungan Cimerah

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, February 13, 2016

Teu nyangki sa congo bu-uk ogé, yén Anak kuya éta téh kénging ku jalan ka-useup (sanés ngahajakeun nguseup kuya, tapi ka-useup).

Tos pada terang sadayana ogé, Yén Mang Imat mah resep pisan kana nguseup ngajentul di sisi walungan cimerah.

Da kersaning Gusti Alloh, éta mah lur, dina hiji dinten, kaleresan kénging anak kuya, saur anjeun na mah, cenah kénging na téh ka useup (si anak kuya nyantok kana upan useup).

Tah, singket carita, sabab resep, nya ku pribados di pésér waé éta si anak kuya anu lucu plus imut téh.

Masih émut kénéh di pésér na nyaéta kaping 26 Januari 2016, nyuhunkeun 15 rébu, pajarkeun téh atos wé cenah kango sa bungkuseun rokok.

Alhamdulillah, dugi ka ayeuna ogé (13 Februari 2016), anak kuya éta aya di balong pribados kalayan séhat jasmani sareng rohani, heheh.

Malah mah, dina dinten kamari mah, kawénéhan ku pun Biang, katingali pisan mucungkul ka permukaan cai biwir balong, tapi langsung mebes deui ka handap cenah.

Siga na mah, éra-an geuning tah anak kuya téh. Pribados waé anu gaduh na, teu acan pernah kawénéhan tiasa ningali langsung ka si éta anak kuya anu di balong. Ah, keun waé lah, asal jagjag belejag, henteu nguyung, henteu gering, sok wé kokojayan sareng ngukuy kana dasar balong lah sakadang kuya, Di du'akeun manéh sing betah dina balong na.

» Thanks for reading: Anak Kuya, pameunang ti Walungan Cimerah

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, February 13, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng