Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Misi Pembodohan Massal - Televisi, TV

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, December 19, 2015

Ieu mah mung sa-ukur ngarangkum materi anu sumebar di jagat maya anu ngabéwarakeun sareng ngabahas perkawis "Misi Pembodohan Massal".

Televisi atanapi TV janten sorotan publik. Anu mana éta media téh ngandung "Misi Pembodohan Massal".

Kunaon atuh TV disebat Pembodohan Massal?

Kerusuhan, tontonan anak?
Kerusuhan, tontonan anak?
Bahaya TV
Bahaya TV
Alasan logisna nyaéta:

Pembodohan: kusabab acara-acara TV di dominasi ku acara anu kirang mendidik. Didominasi ku acara-acara hiburan, anu mana éta acara-acara téh justru matak jadi nyandak malas ka jalmi kanggo belajar, janten malas berfikir sareng sajabana sifat-sifat awon muncul tina hal éta. Kahoyongna téh teras waé hoyong ningaliekun acara hiburan TV bari bengong, méakeun waktos ber-jam-jam (siga nu ka-sirep).

Massal: kusabab nya ari TV téh media informasi anu paling mirah sareng gampil di pimiliknya sareng tiasa di akses kalayan gamping "hampir" dimana-mana di Bumi Indonesia. Ku jaman kiwari mah, ti kawit rahayat alit, dugi ka rahayat jegud gé tangtu kagungan ari TV-TV waé mah di bumi na masing-masing. Tah, matak disebat wé, "Massal".
  1. Murangkalih janten males belajar
  2. Gaya hidup janten hoyong "WAHHHH!" da ka isme-an ku sinetron, padahal kondisi orang tua anu sakitu lieuk euweuh, ragap taya, akhirna gampil ambek-ambekan, da dina kanyataan nana mah sagala teu gaduh di bumi manéh-hanana téh
  3. Dampak salajengna, milari jalan pintas kanggo supados énggal kénging artos (iman lemah)
  4. Dé-él-él
Saleresna, aya ogé acara-acara TV anu saé kanggo pendidikan murangkalih, nyakitu deui kanggo pendidikan anu atos dewasa, sakumaha parantos di béwarakeun di postingan "Daftar acara TV anu ngandung pendidikan". Tapi nya kitu téa atuh, mung bati hanjakal, porsi na sa-alit pisan, janten maksadna, langkung dominan kénéh acara-acara TV anu matak nga-bodohkeun, sangat kirang nilai pendidikan nana.

Teras deui, mémang aya ogé acara-acara TV anu mucekil pisan ku nilai pangarti, mung hanjakal, éta acara-acara téh ayana dina TV satelit berbayar, anu tangtu waé atuh modal tiasa kahontal ari ku ka-seu-euran rahayat alit mah. Boro-boro langganan TV satelit berbayar anu waragadna minimal Rp. 50.000,- per sasih, dalah kanggo mésér pisambelen gé pan mani sakitu empot-empotan nana.

Ieu mah ngawartosan wé, karunya ka dulur. (walaupun keluarga sendiri ternyata susah di élingan nana). Atuh sugan wé, ka batur mah, aya terapna. janten amal saé. :)

Tah, mudah-mudahan wé atuh, hal sapertos kieu téh aya solusi na (kapayun na). Da Gusti Alloh SWT mah kawasa, Maha ngusik malik keun urang sadayana. Amin.

Sumber foto

» Thanks for reading: Misi Pembodohan Massal - Televisi, TV

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, December 19, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng