Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Kempelan Paribasa Sunda anu mucekil ku harti, Réa ku makna

Posted by SALIRA GROUP on Friday, December 25, 2015


Kanggo ngaronjatkeun kacintaan urang sadayana salaku urang sunda, tah mangga, ku pribados di pintonkeun yeuh "Kempelan Paribasa Sunda anu mucekil ku harti, Réa ku makna".

Anu mudah-mudahan waé, tiasa janten pangémut-ngémut kanggo urang sadayana supados langkung-langkung reu-eus ku basa sorangan. Da lamun sanés ku urang sorangan nu ngamumulé, kusaha deui atuh?

Mangga ah, dulur, di titénan.

Pisan panjang-na, lur. :)

1. Amis Budi = Hadé budi, teu weléh seuri ka batur.
2. Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum Tengtrem = Senang haté, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan.
6. Béak Déngkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Béngkok Tikoro = Teu kabagéan dahareun lantaran elat datang.
8. Beurat Birit = Kedul, hésé dititah.
9. Bodo Aléwoh = Bodo tapi daék tatanya.
10. Buntut Kasiran = Pedit, korét, hésé méré ka batur.
11. Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot.
12. Dogdog Pangréwong = Saukur omongan panambah. (Ngagosip)
13. Élmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Épés Mé-ér = Babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung Déngé-eun = teu anggeus anu didéngékeun.
16. Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gedé Hulu = Sombong, Adigung.
18. Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat Batu = Mawa karep sorangan.
20. Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = Babari neunggeul.
22. Handap Lanyap = Ngomongna hadé padahal maksudna ngahina.
23. Haréwos Bojong = Ngaharéwos tapi kadénge ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara Biwir = Béébéja ka batur saméméh dipigawé.
26. Héjo Tihang = resep pipindahan.
27. Heuras Genggerong = Ngomongna kasar.
28. Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.
29. Indit Sirib = Indit sakulawarga.
30. Kawas Gaang Katincak = jempé, teu ngomong.
31. Kawas buweuk meunang mabuk = jempé/ ngaheruk teu ngomong.
32. Kawas Anjing tutung buntut = Teu daék cicing.
33. Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.
34. Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.
35. Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon.
36. Laér Gado = Resep barang pénta.
37. Lésang Kuras = Geus teu boga nanaon.
38. Leuleus Awak = Resep barang gawé.
39. Leumpeuh Yuni = Teu kuat nénjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.
40. Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan.
41. Lungguh Tutut = Katénjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.
42. Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.
43. Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.
44. Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tepi ka réngsé.
45. Ngégél Curuk = Teu menang hasil.
46. Ngéplék Jawér = Teu boga kawani, sieunan, éléhan.
47. Ngijig Sila = Henteu satia.
48. Nyo-o Gado = Ngunghak, ngalunjak.
49. Panjang Léngkah = Loba pangalaman.
50. Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.
51. Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.
52. Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
53. Éra Paradah = Éra ku kalakuan batur.
54. Geulis Gunung = Katingali ti jauhan alus tapi béh dekeut goréng.
55. Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goréng sok hésé dirobahna.
56. Adéan ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakéan meunang nginjeum.
57. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
58. Asa mobok manggih gorowong = Boga kahayang ari pék aya nu nyumponan atawa aya nu méré jalan bari teu disangka-sangka.
59. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
60. Banda tatalang raga = Harta téh pikeun nulungan raga (awak).
61. Batok bulu eusi madu = Katénjo luarna (awakna) siga nu goréng padahal jerona (hatena) alus.
62. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.
63. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.
64. Buruk-buruk papan jati = Najan gédé dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
65. Caina herang laukna beunang = Ngaréngsékeun perkara ku cara anu hadé teu matak tugenah.
66. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawé tangtu bakal karasa hasilna.
67. Clik putih clak hérang, ca-ang bulan opat belas = beresih hate, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa tugenah.
68. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawéan anu baku.
69. Gindi pikir belang bayah = Goréng sangka atawa goréng haté ka batur.
70. Go-ong nabeuh manéh = Ngagulkeun diri sorangan.
71. Hadé gogog hadé tagog = hadé omongan jeung tingkah laku.
72. Hadé tata hadé basa = Hadé tingkah laku jeung hadé omongan.
73. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = Kahadéan anu loba leungit ku kagoréngan anu saeutik.
74. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa téh sumber kasenangan.
75. Jati kasilih ku junti = Anu hadé kasilih ku nu goréng.
76. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan.
77. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.
78. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeun nana.
79. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.
80. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawé enya-enya tangtu bakal aya hasilna.
81. Bandung kandungan laér aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
82. Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
83. Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.
84. Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong élmuna saeutik.
85. Marebutkeun paisan kosong = masinikeun pasualan anu teu aya hartina.
86. Mindingan beungeut ku saweuy = Ngéwa ka hiji jelema, tapi api-api resep.
87. Mipit kudu amit ngala kudu ménta = Lamun rék barangcokot atawa barangala kudu bébéja heula kanu bogana.
88. Moro julang ngaleupaskeun peusing = Pagawéan anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can puguh diudag-udag.
89. Mun teu ngakal moal ngakeul = Lamun teu barang gawé moal dahar.
90. Nété tarajé nincak hambalan = Migawe satahap-satahap, henteu rusuh hayang anggeus sakaligus.
91. Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun dulur sorangan.
92. Ngadék sacekna nilas saplasna = Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun.
93. Ngaliarkeun taleus ateul = Ngabéja-béja/ nyebarkeun kagoréngan batur.
94. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.
95. Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = Nyaluyukeun manéh jeung kaayaan jaman.
96. Ngukur ka kujur nimbang ka badan = Ngukur kana kamampuh atawa ka-ayaan diri sorangan.
97. Nyieun pucuk ti girang = Nyieun kasalahan ti heula.
98. Pacikrak ngalawan merak = nu leutik/ miskin ngalawan nu gedé/ beunghar.
99. Pagiri-giri cai, pagirang-girang tampian = Paluhur-luhur jeung batur, henteu hayang akur sauyunan.
100. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = Boga kahayang anu pamohalan kasorangan.
101. Pupulur méméh mantun = Barang dahar saméméh digawé.
102. Silih jenggut jeung nu dugul = Ménta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.
103. Téng manuk téng anak merak kukuncungan = Sipat atawa kalakuan indung bapa nu sok nurun ka anakna.
104. Tiis ceuli hérang mata = Téngtrem, teu aya gangguan.
105. Tunggul di-rurud catang di-rumpak = Sagala ikhtiar sanajan nyusahkeun batur sangkan hasil nu di maksud.
106. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = Ngukur kana kaayaan diri sorangan.
107. Uyah tara té-és ka luhur = Sipat atawa kalauan indung bapa sok nurun ka anakna.
108. Wiwirang di kolong catang = Meunang wiwirang turta kanyahoan ku batur.
109. TAMAT.

» Thanks for reading: Kempelan Paribasa Sunda anu mucekil ku harti, Réa ku makna

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, December 25, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng