Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Wilujeng Boboran Siam - 1 Syawal 1436 H ( Taqqobalallahu minna wa minkum)

Posted by SALIRA GROUP on Tuesday, July 14, 2015

Wilujeng Boboran Siam - 1 Syawal 1436 H
Neda hapunten dina sagala rupi kalepatan,
Taqqobalallahu minna wa minkum,
Shiyamana wa shiyamakum.

Baraya sadayana, geuning asa teu karaos waktos téh nyérélékna, cirina urang betah hirup di dun-ya, anteng dipépéndé ku hiasan dun-ya.

Mung sababaraha dinten deui urang dugi ka dinten anu Agung mungguhing Gusti Allah SWT, Hari Raya Idul Fitri - 1 Syawal 1436 H, anu bertepatan sareng tahun 2015 Masehi.

Kahadé urang sadayana (salaku anak) teu kenging tibalik, dina waktosna engké Hari Raya, anu paling awal disuhunkeun pangapunten téh nyaéta Ibu Rama urang nyalira. Nembé kanu sanés.

Perdih do'a ibu rama urang, ménta hampura tina dosa-dosa urang, sareng ménta ridho-na sangkan urang pinanggih bagja dun-ya sareng akhérat,

Suhunkeun do'a ibu rama urang, sangkan urang aya dina mulus rahayu, berkah salamet sareng saterasna aya dina pangjaring / pangaping Gusti, saterasna tiasa netepan kana sagala rupi kawajiban anu diparéntahkeun ku manten-na. Amin.

a/n
Pengelola
Leuwiseeng.com

dirojong ku:
http://domba.id

» Thanks for reading: Wilujeng Boboran Siam - 1 Syawal 1436 H ( Taqqobalallahu minna wa minkum)

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Tuesday, July 14, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng