Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Kumpulan Sisindiran di Leuwiseeng.com

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, July 15, 2015

Kahatur sadayana baraya, boh anu araya di lembur séwang-séwangan, atanapi anu nuju aya di panyabaan / di kota, boh nu aya di jero nagari, tur nu di luar nagari. Kum waé sadayana.

Dina waktos anu saé ieu, Admin ngahajakeun nambihan kategori di website leuwiseeng.com. Nami kategori na nyaéta "Sisindiran". Nya tangtu atuh, eusina pasti pinuh ku sisindiran. Tah dina prakna, Admin ngahaturanan kasadayana anu badé ngiring ngarojong kana ieu kumpulan sisindiran. mangga waé kintunkeun sisindiran karangan asli sadérék / baraya - ngalangkungan koméntar di handap ieu. Mung sisindiran anu original (asli) hasil olah pikir anjeun nyalira anu badé di pintonkeun (admin badé nga cék heula copy paste atanapi leres original asli).

Tah, ku Admin badé di luluguan heula ngadamel hiji sisindiran sepertos kieu:

ka cihaur ngala salam,
nyimpang heula ka pajaratan.
wilujeng boboran siam,
neda dihapunten tina sadaya rupi kalepatan.

Mangga, urang sunda sadayana, harudang yeuh!

Catetan: Admin ogé upami gaduh sisindiran tambihan, bakal sami-sami tambih sisindiran téh dina kolom koméntar.

» Thanks for reading: Kumpulan Sisindiran di Leuwiseeng.com

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, July 15, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng