Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Ngasuh barudak dina poé Ahad di Gapura Raharja atanapi Gébu atanapi Gedung Bupati

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, May 30, 2015

Kolot budak mani pasuliwer di Gapura Raharja (Gebu) dina satiap dinten ahad énjing-énjing.
Mimitina mah teu percaya yén di Gapura Raharja téh cénah (ceuk batur mah) ramé pisan ari unggal poé ahad.

Lakadalah asa ku kabeneran, dina waktu mingu kamari aya kasempetan bisa ulin ka tempat éta (ka Gapura Raharja/Gebu) babarengan indit ka éta tempat saparakanca dina poé ahad isuk-isuk kénéh ping 24 mei 2015 kamari.

Bet téh enya wé geuning, mani pasuliwer kitu éta jelema (baraya urang sadayana) keur arulin di gébu bari mawa visi misi maranéhanana séwang-séwangan. Aya anu ngan kukurilingan wungkul, aya nu sa ukur jajan, aya anu tujuan nana ngasuh barudakna, aya ogé anu bener-bener ngalakukeun senam isuk-isuk berjamaah di éta wewengkon Pusat Pamaréntahan Kabupaten Tasikmalaya.

Kusabab kuring mah anyaran ulin ka Gapura Raharja dina poé ahad, nya kuring saparkanca mah, di béakeun ku kukurilingan waé, mapay-mapay jalan trotoar anu ngabulungbung taya aling-aling bari ngasuh barudak anu katempo galumbira di bawa ulin ka éta tempat jeung oge bari ngitung wangunan pamaréntahan di wewengkon éta (tapi teu nepi ka kaitung, da teu ngamaksud kana hal éta).

Nalika nyérangkeun ka-ayaan samodél kitu, anu ramé pisan ku loba jelema, kereteg téh na haté aya ogé kapikiran alus siga na mah mun jualan daharen di éta tempat pas poé ahad (kitu gerentes haté kuring dina waktu harita). Da di tempo ku ka ayaan nana modél kitu mah (ramé) lumayan lamun di juruskeun jang usaha. Tah anu katempo téh, siga na mah, alus lamun jualan deungeun sangu (deungeuna). naon sababna? sabab na mah kacida jelasna ku logika gé, nalika jelema anu arék marulang ti éta tempat (gébu), pan loba anu lapar jeung loba anu acan dahar, tah, ari katempo ku kuring mah, langsung loba nu meuli deungeun sangu bari di barawa balik ka imah na séwang-séwangan.

Tah ku kanyataan kitu ogé geus bisa di to-ong yén eta téh mangrupakeun peluang usaha, lamun ninggang ka jelema anu daék motekar mikir mah. tingal daék henteuna, wani henteu na ancrub kana hal peluang eta? mangga waé éta mah leunyeupaneun masing-masing. lain wungkul jualan deungeun sangku, usaha lain oge katempo na mah alus, tapi kudu di tilik sing taliti heula kétang langsung ka lapangan.

Senam énjing-énjing tiap dinten ahad di Gapura Raharja (Gebu)

Antusias warga anu nuju ngiringan senamdi Gapura Raharja (Gebu)

Pasuliwer na warga anu arameng ka Gapura Raharja (Gebu)

» Thanks for reading: Ngasuh barudak dina poé Ahad di Gapura Raharja atanapi Gébu atanapi Gedung Bupati

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, May 30, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng