Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Ngaguar Hartos Lambang Kabupaten Tasikmalaya

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, May 30, 2015

Perisai sudut lima: boga warna bodas nunjukkeun sipat gotong royong anu sapagodos jeung Pancasila, ngalambangkeun kapribadian, adat istiadat, kapercayaan sarta kabudayaan rahayat (wewengkon), ti mimiti baheula, ayeuna sarta saterusna.

Gunung: ngagambarkeun Gunung Galunggung boga warna bulao anu ngalambangkeun tawis tasikmalaya.

Simbol Industri: ngalambangkeun sapalih ti asal kahirupan rahayat baréng rajakaya alam di wewengkon Kabupaten Tasikmalaya.

Tilu Walungan: ngalambangkeun nu méré asal kahirupan rahayat.

Sérang/sawah: boga warna hejo diwangun ku 17 pétak, ngalambangkeun kasuburan/kamakmuran rahayat anu diproklamasikeun dina ping 17 Agustus 1945.

Sérang/sawah: boga warna konéng ngalambangkeun sapalih kahirupan rahayat anu dipibanda ti karajinan panangan.

Awi Runcing anu dijieun tina haur konéng: ngalambangkeun sajarah perjuangan rahayat di wewengkon Tasikmalaya dina ngusir kaum pangjajah.

Pita Konéng nga-lambai-lambai (gugupay) aya tulisan "Sukapura Ngadaun Ngora": ngalambangkeun kamajuan anu langgeng.

Kelir Bodas anu nga-borélak: ngalambangkeun tékad anu suci, kelir hideung hartina baka sarta langgeng, kelir konéng ngalambangkeun kaayaan anu gilang cahayaan (ka-emasan), kelir héjo ngalambangkeun kahirupan anu pangluhurna, adil sarta subur makmur. sedengkeun kelir bulao hartina kasatiaan sarta kajujuran.

» Thanks for reading: Ngaguar Hartos Lambang Kabupaten Tasikmalaya

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, May 30, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng