Home
»
Posts filed under
Tihang

LEUWISEENG.COM - Pan aya nu Gélo Opatan di rumah sakit jiwa.
Nu hiji, térékél téh naék kana tihang listrik, bari mawa spidol.
Geus di luhur, curat-corét, curat-corét bari seuseurian.
Terus turun, bari séréngéh seuri ka batur-na nu lain.
Nurutan atuh tah babaturan nana.
Nu gélo kadua, naék ogé,
Geus di luhur, luak-lieuk.. luak-lieuk.... séréngéh deuih seuri
kitu jeung kitu gantian naék
ka tilu, nepi ka nu gélo ka opat, naék gantian,
sarua sanggeus nepi ka luhur téh,,, luak-lieuk.. luak-lieuk.... séréngéh seuri.
éta mah, dokter nu keur ngawaskeun, jadi panasaran.
Aya naon éta nu garélo sanggeus naék tihang listrik, jadi seu-seurian? (kitu ceuk pikiran dokter)
Bakat ku panasaran, naék ogé éta dokter kana tihang listrik.
Geus di luhur tihang listik, culang-cileung..culang-cileung.. rét kaditu rét kadieu.
Ari rét nempo ka luhureun... bréh téh nempo tulisan
kieu tulisan nana:
TAH IEU TUNG-TUNG TIHANG LISTRIK TéH GOBLOG.
Dicanak tina Dongéng Kang Ibing. SALIRA GROUP Saturday, November 18, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Tihang Listrik
Posted by SALIRA GROUP on Saturday, November 18, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Saturday, November 18, 2017
LEUWISEENG.COM - Waktosna kamari téh Dinten Jum'at, 13 Oktober 2017. Harepan ayana éta WiFi nyaéta kanggo / supados langkung lancar wifi-an pada mojang bujang anu aya di Warkop Salira.Warkop Salira aya na nyaéta di Kampung Leuwiseeng, palih Picung. Caket Warung Ma Ade. Tah di palih dinya aya WiFi Super Cepat kalayan nganggo Koneksi IndiHome téh.
[caption id="attachment_136" align="alignnone" width="700"]
Ngawitan Ngadegkeun Tihang Antena WiFi Warkop Salira Kuat (Jum'at, 13 Oktober 2017)[/caption]Para Mojang sareng Bujang tiasa WiFi an bari Ngopi di éta Warkop. Tapi sanés ngopi wungkul, mésér jajanan anu sanés na gé aya di warung ma ade picung téh. SALIRA GROUP Sunday, October 15, 2017 NJW Magz Bandung Indonesia
Ngawitan Ngadegkeun Tihang Antena WiFi Warkop Salira Kuat
Posted by SALIRA GROUP on Sunday, October 15, 2017
Leuwiseeng.com
Updated at:
Sunday, October 15, 2017

