Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Tihang Listrik

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, November 18, 2017

Tihang Listrik

LEUWISEENG.COM - Pan aya nu Gélo Opatan di rumah sakit jiwa.
Nu hiji, térékél téh naék kana tihang listrik, bari mawa spidol.
Geus di luhur, curat-corét, curat-corét bari seuseurian.
Terus turun, bari séréngéh seuri ka batur-na nu lain.

Nurutan atuh tah babaturan nana.
Nu gélo kadua, naék ogé,
Geus di luhur, luak-lieuk.. luak-lieuk.... séréngéh deuih seuri

kitu jeung kitu gantian naék
ka tilu, nepi ka nu gélo ka opat, naék gantian,
sarua sanggeus nepi ka luhur téh,,, luak-lieuk.. luak-lieuk.... séréngéh seuri.

éta mah, dokter nu keur ngawaskeun, jadi panasaran.
Aya naon éta nu garélo sanggeus naék tihang listrik, jadi seu-seurian? (kitu ceuk pikiran dokter)

Bakat ku panasaran, naék ogé éta dokter kana tihang listrik.
Geus di luhur tihang listik, culang-cileung..culang-cileung.. rét kaditu rét kadieu.
Ari rét nempo ka luhureun... bréh téh nempo tulisan
kieu tulisan nana:
TAH IEU TUNG-TUNG TIHANG LISTRIK TéH GOBLOG.

Dicanak tina Dongéng Kang Ibing.

» Thanks for reading: Tihang Listrik

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, November 18, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng