Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Nadoman Gusti Urang Sadayana (Basa Sunda - Edisi Lengkap)

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, December 9, 2017

Nadoman Gusti Urang Sadayana (Basa Sunda - Edisi Lengkap)

LEUWISEENG.COM - Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengan nana
Arab Qurais nya bangsa na.

Rama na sayyid Abdulloh
Ibu na Siti Aminah
Dibabarkeun na di Mekkah
Wengi senén taun gajah.

Robi'ul awal bulan na
Tanggal ka duabelas na
April bulan maséhi na
Tanggal ka duapuluh na.

Ari bilangan tahun na
Lima ratus carios na
Tujuh puluh panambah na
Sareng sahiji punjul na.

Siti Aminah misaur
Waktos babar na kacatur
Ningal cahya mani ngempur
Di bumi na hurung mancur.

Babar taya kokotoran
Orok lir kénging nyepitan
Soca lir kénging nyipatan
Sarta harum seu-seu-ngitan.

Medal Nabi akhir zaman
Pirang-pirang ka-anéhan
Sesembahan bangsa syétan
Kabéh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan
Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswa na salapan bulan
geus capétang sasauran.

Yuswa na sapuluh bulan
Yasa ameung papanahan
Ngéléhkeun budak nu lian
Tapi tara kumagungan.

Parangi na kangjeng nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gedé kawani
Sabar nya-'ah ka sasama.

Keur opat tahun yuswana
Diberesihan manah na
Nabi di beulah dada na
Malaikat nu meulah na.

Jibril kadua réncang na
Mikail jenengan nana
Ngeusikeun kana manah na
Ilmu Hikmah sapinuh na.

Tuluy Dada kangjeng nabi
Gancang di rapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeuri
Di-cap ku hotamin nabi.

Harita Nabi ayana
Di lembur indung inang na
Halimah jeuneungan nana
Sa'-diyah ngaran lembur na.

Rama nabi kacaturkeun
Pupus na ka carioskeun
Basa Nabi di babarkeun
Dua sasih ka-ungelkeun.

Keur lima tahun yuswa na
Ditinggal pupus ibu na
Tuluy dirawat éyang na
Abdul Mutolib asma na.

Kersana Robbul 'alamin
Kangjeng nabi nu prihatin
Yuswa dalapan tahun yakin
éyang na mulih ka batin.

Saba'da wafat éyang na
Nabi dirawat uwa na
Abu Tolib kakasih na
Sadérék teugeus Rama na.

Kangjeng Nabi sering pisan
Di candak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Di dinya téh pajeng pisan.

Kacatur di éta nagri
Loba pendeta Yahudi
Sarta pendeta Nasrani
Nu tepang jeung kangjeng nabi.

Sadayana sasauran
Ieu jalma mal nyalahan
Pi-nabi-eun akhir zaman
Toret Injil geus ngiberan.

Sifat Nabi panganggeusan
Aya di anjeun na pisan
Harita loba nu iman
Ka nabi ngangken panutan.

Lami-lami kangjeng Nabi
Disambat ku hiji Istri
Dagang ka unggal Nagari
Ka-untungan na di bagi.

Istri jenengan Khodijah
Putri Huwailid katelah
Nu pang beunghar na di mekah
ka nabi kalangkung nya-'ah.

Siti Khodijah masrahan
Ka nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngaréncangan
Ka nabi purah nyareungan.

Kacarios Maisaroh téh
Loba pamendak nu anéh
Cicirén nabi nu soléh
Matak ngahérankeun kabéh.

Tatangkalan uluk salam
Méga bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian
Dina salira na pisan.

Pamendak siti khodijah
Cocok pisan jeung maisaroh
akhir na siti khodijah
Ka nabi mundut di tikah.

Harita yuswa na nabi
Salawé tahun kawarti
ngadak-ngadak sugih mukti
Tapi tambah saé ati.

Karesep na kangjeng nabi
Ka gusti Alloh nga-bakti
Di gunung Hiro maranti
Ibadah na saban wengi.

Didinya jol kasumpingan
Jibril nu nurunkeun Qur'an
Kalawan dawuh pangéran
Nabi di damel utusan.

Harita yuswa na nabi
Pat puluh tahun kawarti
Di utus ku Alloh pasti
Nyebarkeun agama suci.

Anu iman pang heula na
Siti khodijah garwa na
Abu bakar ka dua na
Sahabat nu pang mulya na.

Murangkalih nu nonoman
Anu pang heula na iman
Sayyidina Ali pisan
Ka nabi sadérék misan.

Jeung ari jalma beuliyan
Anu pang heula na iman
Sidna bilal kaleresan
Anu jadi tukang Adzan.

Ari lolobana pisan
Ka nabi téh nga-musuhan
Nganiyaya ngajailan
Teu aya pisan ras-ras san.

Para sahbat kungsi ngalih
ka nagri Habsyi nu tebih
di dinya anjeun na linggih
Kira kénging tilu sasih.

Samulih sahbat ti Habsyi
Kacarios kangjeng Nabi
Kénging pohara cocobi
Kersa na nu Maha Suci.

Uwa na sareng garwa na
pada pupus dua nana
harita nabi yuswa na
ka lima puluh tahun na.

Geus pupus siti Khodijah
Nikah ka siti Saodah
sareng ka Siti 'Aisyah
Ummil mu'minin ka telah.

Tidinya kersa pangéran
maparinan kamulya-an
ka nabi nu akhir zaman
kakasih nu sifat rohman.

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
Nurut khaol anu mashur
kangjeng nabi téh di saur.

di papag ku malaikat
nyandak buroq nu kasebat
leumpang na téh cara kilat
tungganga-neun nabi angkat.

ti mekah ka bétul maqdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu ka tawis
kersa na gusti nu wacis.

ti bétul maqdis teras na
naék na tangga kancana
mi'roj téa kasebat na
ka langit nabi sumping na.

tujuh langit sadayana
jeung 'Aras nu pang luhur na
di sumpingan sadayana
katut surga naraka na.

Kangjeng nabi di timbalan
ku gusti nu sifat rohman
anjeun na kudu netepan
sholat muji ka pangéran.

Kabeh jalma anu iman
sami pada kawajiban
sholat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan.

Sholat éta minangkana
dina agama tihang na
jalma nu luput sholat na
nyata rubuh agama na.

Kacarios dina zaman
mi'raj na nabi panutan
yuswa na teh kaleresan
lima puluh dua jalan.

Kafir mekah kacaturkeun
bareng nabi nyarioskeun
mi'raj lain di mulyakeun
anggur pada nyeungseurikeun.

pada hasud ngakalakeun
ti dinya alloh ngersakeun
kangjeng nabi di alihkeun
ka madinah di sirna keun.

Per sohabat pirang-pirang
nu bumela milu iang
milu ngalih séwang-séwang
henteu pisan sumoréang.

tambah kamulyaan nana
di madinah asal sepi
jadi ramé ku nu ngaji
muji ka nu maha suci.

sapuluh tahun lami na
di madinah jumenengna
agama islam cahya-na
gumebyar ka mana-mana.

negri mekah di perangan
akhir na kaboyong pisan
nabi tambah kamulyaan
yakin lain jijieunan.

ari yuswa kangjeng nabi
genep puluh tilu pasti
makam na di jero nagri
madinah nagara suci.

puputra na kangjeng nabi
aya opat anu istri
siti zenab nu kahiji
rukoyah nu hiji deui.

umi kulsum ka tilu na
siti fatimah bungsu na
ari putra nu cikal na
sidna qosim kakasih na.

sidna abdulloh rai na
ibrohim nu katilu na
éta nu genep putera na
siti khodijah ibu na.

Sidna ibrohim ibu na
mariah jenengan nana
istri ti mesir asal na
tah kitu turunan nana.

putra nu pameget kabeh
pupus keur aralit kénéh
nu istri carogé na téh
para sohabat nu soléh.

siti zenab carogé na
abdul 'ash jenengan nana
siti rukoyah carogéna
sidna usman mimiti na.

geus siti rukoyah hilang
anjeun na turun ka ranjang
umi kulsum putri lanjang
di tikah gentos nu hilang.

caroge siti fatimah
sidna ali nu katelah
bakaromallohu wajhah
anu kamashur keun gagah.

ari putu kangjeng nabi
dalapan pameget istri
Siti umamah jeung ali
ti siti jenab kawarti.

ari sidna abdulloh mah
putu ti siti rukoyah
putu ti siti fatimah
aya lima kabéh na mah.

tilu anu pameget na
sidna hasan kakasihna
sidna husen ka dua na
sidna muhsin ka tilu na.

ummi kulsum nu istrina
ka sidna umar nikah na
siti jenab ka dua na
nurut ungeling wartosna.

urang kudu cinta ati
ka turunan kangjeng nabi
poma ulah goreng ati
sumawona hiri dengki.

ari mungguh kangjeng nabi
nya-ah na langkung ti misti
ka ummat na jaler istri
leuwih ti sapuluh pribadi.

welas asih ka nu miskin
somawon ka budak yatim
pada seubeuh ku paparin
kadaharan jeung pisalin.

Akuan ka urang kampung
calik sa tatanga riung
tara angkuh jeung adigung
sanajan ka urang gunung.

ka nu nyandang kasusahan
geuring jeung kapapatenan
ngalayad sarta ngubaran
ngajajapkeun ka kuburan.

manis saur manis budi
éstu mustika ning jami
sa jajagat moal mendak deui
saé rupi jeung parangi.

raray lir bulan purnama
halisna lir katumbiri
waos lir inten biduri
salira harum wawangi.

éstu kersaning pangéran
lain seungit di minyakan
keringat pada nandéan
di paraké seuseungitan.

sakitu nabi mulyana
taya pisan adigung na
angkat pungkureun sohbat na
kalangung handap asor na.

anggoan keur salumayan
najan nu geus di tambalan
kitu deui katuangan
banget pisan di kurangan.

betah dina kamiskinan
lain sabab teu kagungan
ngahaja baé ngirangan
ngarah karidoan tuhan.

pirang-pirang mukjizat na
tawis kanabian nana
qur'an nu nomer hiji na
mu'jizat nu pang mulyana.

tangkal nu pérang daun na
di siram tilas abdas na
ngadadak loba buah na
sarta hirup satuluy na.

domba nu banget kuru na
sarta na lépét susu na
di usap ku panangan na
ngadadak ju-uh susu na.

dina hiji waktos deui
sohbat kakirangan cai
teras baé kangjeng nabi
mundut cai anu kari.

Cai ngan sa katél pisan
taya deui anu lian
nabi neuleum keun panangan
dumadak tuluy manjangan.

cai mancer loba pisan
kaluar tina panangan
sela-sela ramo pisan
cukup ku jalmi ribuan.

kacatur hji baduwi
ngadoja ka kangjeng nabi
nitah nyaur tangkal kai
sina ngomong cara jalmi.

tuluy tangkal téh di saur
harita ku kangjeng rosul
tangkal datang ngagulusur
akar na téh di gugusur.

ngadeuheus ka kangjeng nabi
uluk salam cara jalmi
sanggeus kitu balik deui
ka tempat asal nu tadi.

badwi téh ngan kantun héran
ningal éta ka-anéhan
tuluy baé asup islam
ka nabi ngangken panutan.

salian-na loba deui
mukjizat na kangjeng nabi
mun di wincik hiji-hiji
keur nulis na moal mahi.

Héy alloh nu sifat rohmat
abdi sadayana iman
teu aya deui pangéran
lian ti anjeun na pisan.

nu ngadamel bumi alam
rawuh sa eusina pisan
nu wajib di ibadahan
taya anu nyasami-an.

sareng abdi iman deui
ka sidna muhammad nabi
yén eta utusan gusti
miwulang sadaya jalmi.

nu sifat kapercayaan
bijaksana tur budiman
bener unggal sasauran
najan saur kaheureuyan.

ngémbarkeun kangjeng nabi téh
ka jalma sa dun-ya kabéh
dawuh pangéran nu sohéh
nu wajib di turut na téh.

Hurmat urang ka anjeun na
dina mangsa jumeneng na
sareng sa ba'da wafat na
éta teu aya béda na.

duh gusti jungjunan abdi
sidna muhammad habibi
pamugi salira nampi
ka nu hina diri abdi.

abdi ummat akhir zaman
anu banget panasaran
hoyong tepang ngadeuheusan
seja tumut serah badan.

di yaumil akhir pamugi
abi sing janten ngahiji
sareng indung bapak abdi
ngiring gusti ka sawargi.

~~~TAMAT~~~

» Thanks for reading: Nadoman Gusti Urang Sadayana (Basa Sunda - Edisi Lengkap)

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, December 09, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng