Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Daftar Istilah-istilah Penting dina Bahasa Sunda

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, October 7, 2017

Daftar Istilah-istilah Penting dina Bahasa SundaLEUWISEENG.COM - Dina postingan ieu badè di rangkum ku mangrupi Istilah-istilah Penting anu aya dina Bahasa Sunda.

Seu-seur pisan geuningan Istilah-istilah dina Bahasa Sunda anu teu acan ka uninga ku urang Sunda nyalira. Kadè ah, bilih ujug-ujug di-aku ku batur. Mangga Baraya, prung ah yeuh:

Kembang Waluh = alewoh
Kembang Taleus = ancal
Kembang Eurih = ancul
Kembang Jeruk = angkruk
Kembang Cabè = bolotot
Kembang Bako = bosongot
Kembang Hoè = bubuay
Kembang Honjè = combrang
Kembang Kaso = ciriwis
Kembang Sampeu = dingdet
Kembang Awi = eumbreuk
Kembang Gènjèr = gèlènyè
Kembang Salak = gojod
Kembang Gedang = ingwang
Kembang Laja = jamotrot
Kembang Cau = jantung
Kembang Cikur = jelengut
Kembang Limus = seleksek
Kembang Jambu Aer = lumenyap
Kembang Jambè = mayang
Kembang Cèngèk = mèncèngès
Kembang Jèngkol = mèrèkènyènyèn
Kembang Tèrong = moncorong
Kembang Kadu = olohok
Kembang peuteuy = pendul
Kembang Pandan = pudak
Kembang Muncang = rinduy
Kembang Parè = ringsang
Kembang Kalapa = suligar
Kembang Tangkil = uceng
Kembang Jarak = uing
Kembang Bawang = ulated

Anak Lancah = aom
Anak Maung (jalu) = aum
Anak Maung (bikang) = juagö
Anak Kancra = badal
Anak Kutu = balagendir
Anak Bantèng = bangkanang
Anak Gabus = deleg
Anak Bagong = bebenjit/bedul/begu
Anak Monyèt = begog
Anak Kuda = belo
Anak Ucing = bilatung
Anak Buhaya = bocokok
Anak Deleg = boncèl
Anak Keuyeup = boncèrèt
Anak Beurit = buncit
Anak Lauk = burayak/berenyit
Anak Bangkong = buruy
Anak Embè = cemè
Anak Hayam = ciak
Anak Bogo = cingok
Anak Munding = ènèng
Anak Kukupu = hileud
Anak Anjing = kirik
Anak Kutu nu leutik keneh = kuar
Anak Belut = kuntit
Anak Lubang = leungli
Anak Bangbung = kuuk
Anak Gajah = mènèl
Anak Lèlè = nanahaon
Anak Bandeng = nènèr
Anak Sapi = pedèt
Anak Meri = pitik
Anak Japati = piyik
Anak Entog = titit
Anak Reungit = utek-utek

Kè badè di tambihan deui upami parantos mendakan Istilah-istilah Penting dina Bahasa Sunda nu sanès na nya.

Mugia aya manfaat na ka sadayana baraya sunda dimana waè ayeuna ayana. Amin.

» Thanks for reading: Daftar Istilah-istilah Penting dina Bahasa Sunda

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, October 07, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng