Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Cang ucang ucang Angé

Posted by SALIRA GROUP on Thursday, October 5, 2017

Cang ucang ucang AngéLEUWISEENG.COM - Cang ucang ucang Angé. Mulung muncang ka Papangé. Digogog ku anying Gedé. Anying gedé nu mang Lebé. Ari gog-gog Cungungung!

Tah éta téh salah sahiji Kaulinan budak Sunda lur. Tapi hanjakal na, siga na, atos langki anu nerapkeun kitu téh. Kahadé ah, bilih di aku ku deungeun-deungeun kéh.

Ka ulinan éta biasana dilakukan antara anak sareng bapakna atanapi ema na. Budak di tunda sina cicing dina sampéan ema na atanapi bapak na, teras di angkat ka luhur, di junjung-junjung ku sampéan. Atuh pohara gumbira na budak éta téh, pasti hoyongeun deui biasana mah. Héhéhé...

Tah, kieu lur, babacaan nana téh:

Cang ucang ucang Angé. Mulung muncang ka Papangé. Digogog ku anying Gedé. Anying gedé nu mang Lebé. Ari gog-gog Cungungung!

Hayu ah, urang jaga ka-anéhan-anéhan Kaulinan budak Sunda ti mimiti ayeuna sareng ti anu sanggup urang ngagawéan nana.

» Thanks for reading: Cang ucang ucang Angé

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Thursday, October 05, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng