Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Kantun 7 dinten deui kana waktos pemasangan WiFi "Warkop Salira Kuat" - Rp. 1.000 / Jam

Posted by SALIRA GROUP on Friday, September 29, 2017

[caption id="attachment_61" align="alignnone" width="700"]Khaira Arju Annisa sareng Ibu nuju calik di Warkop Salira Khaira Arju Annisa sareng Ibu nuju calik di Warkop Salira[/caption]

LEUWISEENG.COM - Ayeuna téh kaping 29 September 2017. Teras rencana nambihan antena WiFi nyaéta badé mésér na kaping 5 Oktober 2017 (tapi tiasa waé sa-teu-acan kaping 5 gé tos mésér, janten pas kaping 5 na, tos kantun masang).

Upami di étang ti kawit dinten ieu, berarti mung kantun kana 7 (tujuh) dinten-nan deui kana waktos pemasangan WiFi "Warkop Salira Kuat" éta téh.

Sacara téori, sinyal nu dihasilkeun atanapi nu disebarkeun ku éta alat téh tiasa langkung kuat sareng stabil. Koneksi Internet janten langkung téréh tapi tetep matok pangaos mirah = Sarébu Per Jam na, di cawiskeun ka Mojang Bujang kanu dongkap WiFi-an di Warkop Salira.

Total, janten aya 3 WiFi anu kadeteksi, nyaéta:
1. WiFi Warkop Salira
2. WiFi Warkop Salira Picung, sareng
3. WiFi Warkop Salira Kuat.

Kantun Pilih WiFi "Warkop Salira Kuat" ké dina waktosna.

Mugia aya dina kalancaran kanggo rencana ieu. Amin.

Catetan:
Konsep WiFi Warkop Salira percis sami sareng Konsep Warnet. Bénten na sa alit, ari Warnet mah, ngagunakeun perangkat Komputer (PC) di tiap Bilik Warnet, ari WiFi Warkop Salira mah ngagunakeun media WiFi, teras anu sumping ka Warkop kantun ngaktifkeun WiFi dina HP séwang-séwangan.

Warkop Salira
Ngopi + WiFi Super Cepat = Rp. 3.000,-

Alamat:
Kp. Leuwiseeng Picung, Sukaherang, Singaparna.

» Thanks for reading: Kantun 7 dinten deui kana waktos pemasangan WiFi "Warkop Salira Kuat" - Rp. 1.000 / Jam

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, September 29, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng