Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Teu acan sa detik-detik acan

Posted by SALIRA GROUP on Friday, August 25, 2017

Jang Dasep: Halo, assalaamu'alaikum
Penelepon: waalaikumsalam. damang A?

Jang Dasep: punten dupi ieu sareng saha? (bingung da nomor-na teu dikenal)
Penelepon: piraku hilap deui A. ka wargi nyalira, dugi ka hilap.

Jang Dasep: muhun, saha nya?
Penelepon: cobi teguh, A, sok, saha. piraku ka wargi nyalira hilap deui.

Jang Dasep: dupi, akang terang nomor abi timana?
Penelepon: euleuh si Aa. pan atos aya na hp abi ti sa taun kapengker gé. piraku atuh ka nomor wargi sorangan, mani teu di catet nomer hp.

Jang Dasep: ké-ké-ké, kang. asal akang terang nya, nomer abi anu di telepon ku akang téh, nomer énggal. nembé pisan mésér ti konter na gé. TEU ACAN SA- DETIK-DETIK ACAN....!!!
Penelepon: sssssssssssssss (bingung-ngeun.........)

» Thanks for reading: Teu acan sa detik-detik acan

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Friday, August 25, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng