Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Warkop Salira di Picung - Free WiFi - sejak 14 Juli 2017

Posted by SALIRA GROUP on Saturday, July 22, 2017

Warkop Salira nyaéta / mangrupakeun usaha Warung Kopi (Warkop) anu aya di wewengkon Picung, Kampung Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Tasikmalaya.

Di warkop éta, pengunjung tiasa Internetan kalayan Haratis (Gratis) ngalangkungan Jaringan WiFi "Warkop Salira" anu sengaja di sadiakeun ku Pengurus Warkop Salira.

Pangaos Kopi sa gelas-na nyaéta Rp. 3.000,- (update kaping 22 Juli 2017), duka ari kapayun na mah, tiasa waé janten rada awis panginten, mengikuti pangaos harga dasar kopi di pasar.

Lami pengunjung tiasa WiFi-an gratis di éta Warkop anu didirikeun ti kaping 14 Juli 2017 téh nyaéta salami 2 Jam. Lumayan lami ogé lah lur ku pangaos Kopi Sa-gelas 3.000 mah.

Mangga anu panasaran badé nyobian Kopi sareng fasilitas gratis WiFi Warkop Salira, tiasa sumping ka Picung. Tapi hapunten na, kanggo dugi ka waktos ayeuna, kondisi warkop na masih alakadarna, nyaéta ayana dina babancik bumi anu gaduh Warkop, ngaréndéng sareng Warung Umum. Tangtosna, pengelola teu cicingeun, Insya Alloh, ka payun na badé langkung sina tambih menarik sareng betah anu calik di éta warkop + badé di tambihan penguat signal khusus di area warkop supados janten Full Bar sinyal na.

Mudah-mudahan, palawargi sadayana, gumbira ku ieu béwara. Amin.

» Thanks for reading: Warkop Salira di Picung - Free WiFi - sejak 14 Juli 2017

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Saturday, July 22, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng