Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Saur na, osok di témbongkeun kumaha sifat asli urang téh nalika munggahaji

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, July 5, 2017

teu kedah tebih2 ngantosan yaumul hisab, ari hoyong terang kumaha kalakuan amal2-lan urang mah. Amengan wé munggahaji ka baitullah. saur na osok di témbongkeun kumaha sifat asli urang téh nalika munggahaji.

tapi teu kénging guyur kanu di lembur, da 'aib éta mah. cekap wéh kanggo terang nyalira sareng keluarga anu kaparengan sa-angkatan haji na. LEUNYEUPANEUN PRIBADI,,, TAH ETA TEH.

kumargi sakitu, di urang mah, tos biasa nya, ari aya nu badé ka baitulloh téh, osok aya acara halal bihalal. tah éta téh kanggo memperkecil kemungkinan perdosaan antar sesama manusa, khususna anu badé angkat munggahaji nyuhunkeun dihapunten ka baraya tatangi anu di kantunkeun di lembur. tos ilahar di urang mah geuningan, halal bihalal éta téh di kum keun ka sadayana warga sakampung di ulem na téh, acarana diayakeun dina hiji ruangan anu lega lalugina cekap sa kampungeun, misalna di sakolaan.

» Thanks for reading: Saur na, osok di témbongkeun kumaha sifat asli urang téh nalika munggahaji

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, July 05, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng