Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Pilihan Paket IndiHome anu umum aya dua, nyaéta

Posted by SALIRA GROUP on Monday, June 12, 2017


Ieu di canak garis besar na waé, bahwa Pilihan Paket IndiHome anu umum aya dua, nyaéta: Aya anu Paket sekitar Rp. 350.000,- (kirang langkung) per sasih. Teras aya anu paket Rp. 500.000,- (kirang langkung) per sasih. Tapi ari saleresna mah, réa pisan (seu-seur macaem-macem paket nu tiasa ku urang di pilih téh, ah di sebatkeun sadayana mah malah pusing kéh, atos wéh dua wungkul nu umum ieu).

Paket pangaos sakieu téh nyaéta peket promosi sasih Juni 2017. Ah, éta téh osok bénten-bénten / rubih-rubih da promo na téh, tiasa waé dina sasih-sasih payun na rubih promo sanés kieu.

Tah, anu paket 350 Rébu sa sasih mung kénging Internet na wungkul. Teras anu paket 500 rébu mah kénging internet, TV Kabel plus Nomer Telepon bumi.

Dua-dua nana, sami waé, kacepatan bandwith na nyaéta 10 mbps, mung bénten na téh nya dina hal kénging TV + Telepon na wungkul atanapi henteu.

Satiap Plasa Telkom éta téh, kadang kala osok bénten-bénten kabijakan nana téh. Kadang aya Plasa Telkom anu ngedahkeun nyanak paket nu 500 rébu. kadang ogé aya anu masihan ogé paket anu minimalis 350 rébu. Janten tergantung kana kumaha kabijakan kaputusan ti pimpinan éta Plasa Telkom na.

Di Plasa Telkom Singaparna mah, Alhamdulillah, pelanggan baru téh tiasa, nyanak paket minimalis, nyaéta paket anu 350 rebu. Tapi ari badé nyanak anu 500 ogé, mangga pisan, teu langkung.

» Thanks for reading: Pilihan Paket IndiHome anu umum aya dua, nyaéta

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Monday, June 12, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng