Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Di belakang layar pemasangan kabel Speedy ka kampung leuwiseeng

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, May 31, 2017


Tadi abi ngobrol sareng nu masang kabel speedy na
Ternyata, Desa Sukaherang lah, anu janten ipokal na téh
Terutama Jang Anwar (Pak Iping) anu memperjuangkeun nana téh
Da pami teu di perjuangkeun ku Desa mah, nya kitu téa atuh, pamohalan laksana, da tetep cenah kedah aya 15 urang nu siap berlangganan speedy na. némbé di lirik telkom.
Tapi, geuningan ari ku desa mah, langsung cek gur (teu ngantosan lami).

Kamari rada ragu, pédah ka leuwiseeng lebak mah, geuningan teu katingali aya cikal bakal tihang speedy?

Abi langsung nga hubungi Jang Anwar.
"Kumaha ieu téh, jalurna masuk ka leuwiseeng lebak teu?" saur abi téh.

Pan abi, salah-seorang,,, anu hoyong-hoyongan bari ngadukung proposal desa kanggo supados speedy lebet desa (na manah abi téh).

Jang anwar rada bingungeun ogé, sareng katingali ragu.
"Nya éngké badé di taroskeun deui ka Telkom" cenah.

Alhamdulillah, dinten énjing na, aya norojol tihang kanggo kabel speedy ka leuwiseeng lebak.

Kasimpulan nana:
Pamaréntah mah Kawasa.

Kasimpulan nana, Rakyat anu mencar pemikiran nana, janten bruy byar lur..... Go...go...go.. Toko Online... mangga anu bade Titip Jual ka sampailaku.com

» Thanks for reading: Di belakang layar pemasangan kabel Speedy ka kampung leuwiseeng

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, May 31, 2017
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng