Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Langkung mirah ngarawat daripada ngawangun deui mah

Posted by SALIRA GROUP on Monday, November 7, 2016

Leuwiseeng (7/11/2016) - Puluhan warga di kampung Leuwiseeng, hadir dina acara gotong royong nga-cat ulang Jembatan Salakaso (Senén, 07 November 2016).

Jembatan anu di wangun dina taun 2012 ieu mangrupakeun jembatan tina hasil program PNPM-MP LKM PWD Sukaherang, KSM Kerbau anu lokasina aya di RW.09 Kampung Leuwiseeng.

Jembatan Salakaso kacida pisan peryogi-na kanggo sadaya warga, kumargi éta jembatan téh ngan hiji-hiji na jembatan anu tiasa nga-hubungkeun kampung Leuwiseeng sareng opat pasawahan ageung milik masyarakat leuwiseeng anu mémang lokasi-na éta opat pasawahan téh ayana di pisahkeun ku walungan ageung (cimerah). Nya ku ayana éta jembatan, digunakeun kanggo meuntas éta walungan.

Kapungkur mah, sateu acan aya jembatan salakaso éta, nalika aya hujan ageung, teras walungan janten ca-ah téh, warga anu kapegat ca-ah di sérang, kapaksa kedah nguriling lumayan tebih nuju ka jembatan cilenga upami hoyong uwih ka leuwiseeng téh, margi teu mungkin meuntas walungan anu cai na nuju sakitu umpal-umpalan ageung, tiasa-tiasa kacandak cai walungan anu nuju ca-ah. Kampung cilenga téh nyaéta kampung sabeulaheun kp. leuwiseeng anu dipisahkeun ku tetelar pasawahan sareng astana umum, sareng bénten kacamatan).

Nya, alhamdulillah ayeuna mah aya jembatan salakaso, janten ku sieun teu-sing ku ca-ah ayeuna mah, sanajan nuju hujan nga-gebret gé, warga anu nuju di sérang téh.

Alhamdulillah dina dinten ieu (Senén, 07 November 2016), aya acara nga cat ulang tiang2 besi sareng meresihan handapeun éta jembatan.

Katingali, warga mani sarumanget nge-cat eta jembatan anu panjang na 20 meter, lebar 1.2 m sareng jangkung tina biwir cai na 2.5 meter.








Nalika di konfirmasi ka salah sawios tokoh masyarakat kp. Leuwiseeng, nyaéta Bpk. Abdul Wahid, anjeun na ngajelaskeun sakaligus ngajak ka sadayana masyarakat khususna anu aya di wewengkon kampung leuwiseeng, pok na, "hayu urang ngarawat éta jembtan anu atos susah payah di wangun taun 2012 kapungkur".

Teu kakantun, Bpk. Iping salaku Katua RW 09, nga-deudeulan ogé, ngiring masihan penjelasan sareng komentar, "Jembatan Salakaso anu pangwangunan nana nyé-épkeun waragad Rp. 55.000.000,- éta kedah di rawat ku sararéa supados tetep kuat. Nya salah-sahiji na ku jalan nga cat ulang tihang-tihang coran sareng pager besi na", saur na téh.

"Langkung mirah ngarawat daripada ngawangun deui mah"... témpas pak Abdul Wahid téh deuih, bari nunjuk ka éta jembatan.

» Thanks for reading: Langkung mirah ngarawat daripada ngawangun deui mah

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Monday, November 07, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng