Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

deuleu, seuneuna kakalincesan, kakalincesan : Pes!

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, October 26, 2016

peuting ieu bulan ceurik ngabangingik
taya deui teuteup-teuteup tineung
taya deui sawang kebek kamelang
taya deui haleuang rampak,
“Bulan tok! Bulan tok! Bulan sagedé batok!”
taya deui récét barudak ulin galah jeung sondag
: Taya!

peuting ieu bulan ceurik ngabangingik
mireungeuh lembur singkur henteu deui
harieum reyem-reyem
mireungeuh manuk bueuk henteu deui
mibanda sora nu mampuh nyiptakeun hiji rasa
mireungeuh mojang-mojang henteu deui
trang-trung nabeuh lisung ti peuting
mireungeuh sagalana baris sirna baris euweuh
: Euweuh!

peuting ieu bulan ceurik ngabangingik
neuteup cempor nu nyangsaya ilang daya
na juru kandang domba
deuleu, seuneuna kakalincesan, kakalincesan
: Pes!

sumber

» Thanks for reading: deuleu, seuneuna kakalincesan, kakalincesan : Pes!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, October 26, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng