Deungkleung déngdék
Anaking jimat awaking.
Geura bobo, Cu..
Panutan kalbu.
Ema hideup, aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI.
Deungkleung déngdék
Anaking di ayun ambing.
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a, Ema hideup énggal mulang.
Ukur cimata, nu jadi ubarna
Rasa kasono
teu weuléh ngadodoho.
Sanajan urang pa-anggang
Haté mah, pa-anjang~anjang.
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri.
Kieu buktina
Kedah kieu nasibna.
Sumber:
Lirik Lagu Darso - Ayun Ambing

