Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Tingkatan-Tingkatan Nyegik - Audzubillahiminasyaitonirrojim

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, May 25, 2016

Tingkat I

Dukun: Badé aya kaperyogian naon Ujang téh dongkap ka dieu téh?
Si Ujang: Ieu ki, hoyong laris icalan abi téh.
Dukun: Naha atos terang kitu pimatakeun nana?
Si Ujang: atos, ki.
Dukun: moal kaduhung jaga na?
Si Ujang: moal, ki.
Dukun: moal kaduhung akhérat, ujang?
Si Ujang: moal, ki.
Dukun: Heug atuh ari kitu mah, da Aki mah mung sa ukur pang jajap.
Dukun: Tah syarat-syarat na ieu:
- meuncit hayam hideung hiji dina malem jum'at di pipir bumi ujang, nya.
- teras kubur waé hayamna didinya.
- tah ieu awi haur koneng, ku ujang di simpen di caket laci wadah duit dagangan ujang nya.
Si Ujang: muhun ki, di éstokeun pisan.

Tingkat II

Dukun: bagéa ujang, aya naon deui ieu téh mani rareuwas sumping deui kadieu?
Si Ujang: Ieu ki, abi téh, kesel icalan leuk-leuk ku cara anu kapungkur mah.
Si Ujang: hoyong énggal gaduh artos seu-eur ki?
Dukun: Naha ari tina icalan anu kamari teu cekap kitu, sujang?
Si Ujang: henteu ki.
Dukun: hoyong sabaraha artos ku hoyong kapimilik téh, jang?
Si Ujang: sa miliar ki.
Dukun: tapi rada abot, ujang syaratna.
Si Ujang: naon syaratna ki?
Dukun: moal kaduhung jaga na, ujang?
Si Ujang: moal ki
Dukun: moal kaduhung akhérat?
Si Ujang: moal ki.
Dukun: heug atuh, da aki mah ngan sa ukur panganteur.
Si Ujang: naon ki syaratna?
Dukun: syaratna, wayahna tong kaget lamun anak ujang anu cikal rada anéh paripolahna (rada gélo)
Dukun: kumaha sangem, ujang?
Si Ujang: sangem ki.

Tingkat III

Dukun: wilujeng sumping deui ujang, kumaha damang?
Si Ujang: saé ki. tapi aya kaperyogian deui ieu téh, abi téh?
Dukun: badé naon deui ujang?
Si Ujang: ki, tiasa di tingkatkeun, abi téh hoyong artos na sa triliun!!!!
Dukun: waaahh, abot pisan atuh ujang syaratna.
Si Ujang: nya naon ki syaratna?
Dukun: yakin ujang, moal kaduhung akhérat?
Si Ujang: yakin ki, nya naon syaratna?
Dukun: wayahna, anak ujang anu kadua, di cokot nya.

(Si Ujang rada ngahuleung ari dikitukeun mah, mémang beurat pisan éta syarat teh, urusan jeung nyawa budak)

Dukun: kumaha satuju, ujang?
Si Ujang: mangga ki.

(geletuk wé anak si Ujang anu ka dua, maot ngadadak [ku jalan naon wé ari sabab-musabab na mah]. Kantun anak anu cikal anu atos rada kirang sa cetét hiji gégélétékan).

Audzubillahiminasyaitonirrojim.

Sumber: Dongeng Sunda Jaman Baheula.

» Thanks for reading: Tingkatan-Tingkatan Nyegik - Audzubillahiminasyaitonirrojim

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, May 25, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng