Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Pangémut-ngémut - Rokok téh Gerbang na Panyakit!

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, May 1, 2016

Ieu mah ngawartosan wé, pédah ka dulur.
Pami sanés ka dulur mah, hég téh teuing teu urusan sakarep na waé, da karasa na mah ku sorangan engké. ;)

Saé-na mah, lirénan rokok & kopi téh
margi, seu-seur madhorat-na daripada manfaatna
seu-eur panyakit-na daripada sehatna.
karaos-na mah da engké pami tos nincak usia sepuh
éta gé pami di pasihan usia panjang.
asma, mengok, sesak nafas, batuk permanen, DE-EL-EL - tah éta "khasiat" rokok téh ;)

AYA NU NEMALAN: ah, abi tukang ngarokok tapi tetep wé jag-jag belejag?
muhun, da karaosna mah engké pami tos nincak usia 50 tahun ka luhur.
éta gé pami di pasihan usia panjang.
pami dipasihan usia pendek mah, nya no problemo
da sami-sami atuh da maot mah kitu. ;)

Mudah-mudahan kamu dipasihan hidayah ku gusti Alloh swt.
ku jalan naon wé ari cukang lantaran nana mah.
ngan teu kenging téh ku jalan maot kusabab rokok, cukang lantaran nana nya.
soalna atuh moal aya kasempetan babalik pikir, ari atos maot mah. ;)
Amin.

Seu-eur conto na.
tos teu ka étang bahaya rokok & kopi mah.
pami kopi asli mah saé (tapi langki, paling kopi aduk-campur téa geuning di urang mah, duka dicampur nanahaon. murah meriah ;)

Janten inti na mah,
Rokok téh Gerbang na Panyakit!

Ieu mah ngawartosan wé, pédah ka dulur.
Pami sanés ka dulur mah, hég téh teuing teu urusan sakarep na waé, da karasa na mah ku sorangan engké. ;)

Wassalam.
Mantan Perokok
Mulai merokok sejak usia 7 tahun.
Alhamdulillah atos dibuka pintu hidayah ku gusti alloh swt tiasa lirén ngarokok.

» Thanks for reading: Pangémut-ngémut - Rokok téh Gerbang na Panyakit!

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, May 01, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng