Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

TV, ngajantenkeun otak anak kirang aktif (kaduhung mang mésérkeun TV)

Posted by SALIRA GROUP on Wednesday, February 24, 2016

Pangéling-ngéling:

Sadaya pihak (anu gaduh émutan positif jauh ka payun) atos sepakat, yén TV téh:

1. Pembodohan massal kanggo anak-anak. Disebat massal kumargi TV tiasa ngajangkau hampir sadayana kalangan masyarakat (ti anu kaya dugi ka masyarakat miskin, ka seu-euran nana atos gaduh TV).

2. Ngajantenkeun pribadi anak janten pasif (henteu aktif)

3. Ngadidik anak janten penonton daripada pemain (pencetus gagasan/ide)

4. Sadaya data 1 dugi ka 3 éta kusabab dominan na acara/program TV anu mémang kirang nga didik kanggo pribadi murangkalih (anak-anak) urang (anu nga giring murangkalih supados janten masyarakat penonton, cimekblek teras di payuneun TV ber jam-jam anu mana padahal acara na minim pisan ku élmu).

5. Mémang aya TV anu ka-étang saé mutu acarana, conto na waé misalna nyaéta TV Rodja, anu mana acara na ngandung élmu kanggo urang salamet dunya akhérat (di dieu abdi nyarios kanggo wargi-wargi muslimin muslimah).

Kaduhung mang mésérkeun TV, rumaos Gusti, abdi teu asak-asak ngémut pibalukareun nana. Hapunten kana kalepatan abdi. Da ari ngélingan mah atos, boh ka anak, boh ka istri yén TV téh seu-seur madharat na daripada manfaat na, tapi nyakitu téa atuh, tetep wé maranco geuning.

Bati ngageremet wé. Da di caram mah geuning malah nyégag. :)

Abdi yakin da ari hidayah mah kagungan Gusti, atuh da. Amin. Minimal punah tangel waler abdi perkawis ngarahkeun keluarga tentang TV.

Janten, upami TV di bumi reksak, moal di dangdosan. Malah syukur ah (atos di kirangan ku Gusti tina salah sahiji anak buah na Fitnah ageung akhir zaman = Dajjal).

Janten kapayun na, sok badé di dangdosan si TV, asal éngké di anggo nyimak acara-acara ti Rodja TV sareng acara-acara TV anu ngandung manfaat dunya akhérat.

» Thanks for reading: TV, ngajantenkeun otak anak kirang aktif (kaduhung mang mésérkeun TV)

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Wednesday, February 24, 2016
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng