Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Patok konéng sareng beureum, Tanda serius badé diwangun jalan

Posted by SALIRA GROUP on Monday, October 19, 2015

Ieu foto di jeprét dina dinten Ahad, ping 18 Oktober 2015. Di sawah Salakaso, Kp. Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Kacamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya. Katingali kusadayana, réhna atos aya patok warna konéng sareng patok warna beureum anu kebat manjang di sababaraha sawah salakaso éta.

Tah, cenah saur wartos ti masyarakat sakitar, éta téh ciri lur, ciri yén di tanda éta badé di wangun jalan énggal, nyaéta Jalan Lingkar Singaparna. Ari detailna mah, duka kumaha, pokokna mah disebat Jalan Lingkar Singaparna wé. Teu acan aya informasi sacara publik sacara rinci na.

Total lébar jalan éta, cenah mah kana 24 meter ran. aya ogé anu nyaurkeun total lebar na kana 30 meteran. Nya sakitar sakitu lah, da atuh basa dinten kamari téh, abdi gé hente dugi ka ngukur ulang lebar patok bari nyanak meteran (asa ku teu aya damel, petugas lain, pagawé dines lain, wartawan lain, meureunan kitu saur batur nu ningali teh, héhéhéhé...), malihan barinagé alat météran na gé da teu gaduh. Nya sakitar sakitu lah, lebar na 24 dugi ka 30 meter.

Katerangan patok: Patok warna konéng nandakeun tepi jalan. Patok anu beureum éta janten ciri tengah jalan éngké na téh.

Teras, iraha atuh éta Jalan Lingkar Singaparna badé ngawitan dibangun na? Duka, da teu acan aya informasi publik deui anu jelas.

Teras, kumaha respon warga-warga anu sawah atanapi tanah na ka sabet ku pangwangunan jalan eta? Duka deui, da salama ayeuna mah ti-is ti-is waé lur.

Mugia wé atuh sing lungsur langsar nya. Sadaya pihak aya dina ginanjar kawilujengan. Sadaya pihak ngarasa sugema sareng teu aya nu ngaraos di rugelkeun lur. Da jalan téh kalah kumaha ogé kabutuhan urang sadayana, sanés?

Tah mudah-mudahan waé sing aya solusi anu langkung saé kanggo hal ngagentos tanah atanapi sérang warga, utami na mah sérang warga nu kasabet ku jalan éta, da dalah dikumaha ogé anu gaduh sérang éta téh pakasaban nana nyaéta Tani (ngurus paré), kaseu-euran nana ukur tani dina sérang anu sa géwok éta. Saur sepuh téa mah, sawah satapak peucang, lur.

Lampiran foto-foto nu sanésna:



» Thanks for reading: Patok konéng sareng beureum, Tanda serius badé diwangun jalan

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Monday, October 19, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng