Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng

Internet cepat masuk kampung Leuwiseeng?

Posted by SALIRA GROUP on Sunday, October 11, 2015

Atos ilaharna, ari nami na jalmi mah, pasti aya waé ngaraos hanjelu, nalika terang yén di kampung-na teu acan tiasa masang Internet Speedy. Hal éta terutama kajadian ka para nonoman muda atanapi para generasi muda anu aya di kampung-kampung anu memang teu acan tiasa karambah ku jaringan Internet Speedy anu kedah ngagunakeun media kabel telefon kanggo nyambungkeun ka jaringan Speedy na.

Nyakitu deui anu karandapan ku sabagian warga (khususna para generasi muda) di kampung leuwiseeng anu atos melék Internet. Hiji kampung anu aya di Desa Sukaherang, Kecamatan Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat ieu kanggo dugi ka kiwari teu acan tiasa ngraoskeun kumaha rasana internetan cepat, paling sabagian jalmi berangkat ka warnet anu aya di pusat kota Singaparna upami hoyong internetan cepat.

Sakumaha anu terjadi dugi ka ayeuna (11 Oktober 2015), jaringan kabel telefon teu acan dugi ka Kampung Leuwiseeng. Nya kusabab kitu otomatis warga (khususna generasi muda anu memang melék sareng tos terang, tos faham kana fungsi Internet pada ngarasa hanjelu. Atuh teu hanjelu kumaha, da geuningan ari ngandelkeun jaringan handphone mah sadayana ogé tos pada terang yén internetan tina HP mah éta téh osok remen pisan lélét na, komo upami dina nalika cuaca awon mah, langsung lemot, saur anak muda téa mah.

Tah, seu-eur pisan manfaat internet cepat, anu pangemut pribados mah, nya produk speedy anu dimaksad internet cepat téh, sarenga deui harga langganan bulanan nana lumayan mirah (kanggo danget kiwari  mah). Tapi saleresna mah, tiasa waé nganggo Jasa provider Internet anu sanes (sanes ti telkom), nyaéta ngagunakeun media ngalangkungan satelit, tapi sa-atosna di kalkulasi, tetep waé masih kénéh mirahan langganan speedy kabel. Dina hartos, upami langganan nana nganggo satelit (sanés ti telkom), maka langkung awis éta téh.

Nya kusabab kitu, kacida pisan ngarepkeun nana dina waktos kapayun, mugia kampung Leuwiseeng khususnya, atuh umum na mah kampung-kampung anu sanés na anu aya di wewengkon Desa Sukaherang, Kecamatan Singaprna, anu teu acan kasentuh ku kabel telefon, mugia waé tiasa dipasang jaringan kabel telefon telkom na, supados engké kapayun-na masyarakat (khususna para generasi muda anu memang atos melék internet) anu aya di kampung-kampung tiasa ngaraoskeun fasilitas internet cepat ti telkom speedy. Amin.

Sakitu anu kapihatur, mugia seratan ieu sing tiasa mangrupakeun do'a sakaligus pangbeberah manah sadaya kaula muda di kampung leuwisaeeng sareng para generasi mudah anu pinter sareng anu saroleh + solehah, anu aya di kampung-kampung sabudeureun nana leuwiseeng - anu memang teu acan aya fasilitas kabel telepon telkom, mugia kapayun na aya expansi pembangunan jaringan kabel telefon di kampung-kampung urang sadayana, amin.

» Thanks for reading: Internet cepat masuk kampung Leuwiseeng?

Related Posts

Leuwiseeng.com Updated at: Sunday, October 11, 2015
Kelompok Tani Ternak Salira Leuwiseeng